Kahatur Aki Tams,
   
  Panginten henteu tiasa sadaya program iketan dines sareng beasiswa 
disakompetdaunkeun. Pribados mah gaduh pangalaman bea siswa teh 
lungsur-langsar, henteu aya anu ngahalangan. Waktos pribados kuliah di Paguron 
Luhur Cap Gajah di Bandung, umumna mahasiswa di eta paguron, kalebet pribados, 
gaduh cita-cita teh hoyong janten padamel swasta sapertos di pausahaan minyak, 
telekomunikasi sareng anu sanesna; henteu aya irongan palay janten PNS. Taun 
1993,  pas bade lulus, dongkap utusan ti Ropeg Depparpostel ka kampus kanggo 
nawiskeun lowongan padamelan kalayan embel-embel upami janten padamel eta 
departemen bakal disakolakeun S2 boh di lebet atanapi di luar nagri. Henteu 
disangki, aya 130-an anu katarik ngalamar kanggo janten PNS di eta departemen, 
kalebet pribados. 60-an mahasiswa janten ngiring tes seleksi, teras 10 urang 
anu lolos. Alhamdulillah pribados lolos dina ujian saringan. Alhamdulillah oge 
dina taun 1997 pribados sareng sababaraha rerencangan saalumni, kalayan
 pangrojong ti atasan sareng Ropeg, ditugaskeun diajar di Vanderbilt 
University, Nashville, Tennessee, USA. 
   
  Panginten di babakan KUSnet ieu oge aya anu kantos ngiringan iketan dines 
atanapi program bea siswa janten taruna di Akabri, janten mahasiswa STAN, 
sareng anu sanesna, anu dina hal ngalajengkeun pendidikan ka jenjang anu 
langkung luhur lungsur-langsar henteu dihalangan ku atasan.
   
  Kitu numutkeun pribados mah, kirang langkungna nyuhunkeun ageung 
pangapuntenna upami aya kalepatan atanapi aya hal-hal anu henteu merenah dina 
cara ngadugikeunnana.
   
  Wassalamualaikum,
  

Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Aya anu curiga sidikan kawasna, lamun ngayakeun program bea siswa atanapi 
ikatan dinas teh kumaha nasib kakuasaan dina dua atawa tilu tahun kahareup? 
Sieuneun  bakal kalindes? 
  Mental eta sigahna masih aya keneh, teu ridho lamun batur maju???komo lamun 
anu maju teh bawahan. Teu sakedik anu sakola kaluar nagara ku biaya sorangan 
teh salah sawiosna balukar sikap atasan anu boga mental kitu. 
  Malah aya rerencangan aki tams belaan hayang maju sakola teh, pasea heula 
jeung atasan, malah tungtungna dipecat. Mangga wae lenyepan dina pamarentahan 
urang oge, aya keneh sipat keukeuh peuteukeuh hayang mun bisa mah jabatan teh 
abadi, ulah batur. 
  Tah sipat "mempertahankan status kuo" eta anu kedah direpormasi heula upami 
urang palay majeng.
   
  Wa Allohu Alam bish Shawab.  

Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Sumuhun, nu cocog mah ngalangkungan bpps.


Hanjakalnya henteu aya program iketan dines ti pemprov jabar atanapi banten 
atanapi pemkot/kab di eta 2 provinsi. Tapi cobian we layangkeun serat proposal 
permintaan bantuan beasiswa ka para pupuhu eta instansi, saha anu terang bakal 
janten jalan pikeun aranjeunna ngadamel program iketan dines atanapi bea siswa; 
henteu ayeuna nya sugan  jaga.











Asep

       
---------------------------------
Building a website is a piece of cake. 
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.

Kirim email ke