Muhun yi henteu nyakompet daunkeun eta oge, mung aya (tangtos teu sadayana)
kitu oge babadean. Namung pangalaman aki tams oge mantan TID PdanK tahun 1978.
Teu aya masalah dina peringkat S1 mah. Saparantos diangkat janten PNS
ditempatkeun di luar Jawa, tah didinya, bade ngiring seminar di lebet komo ka
luar negeri mah; serat panggilan lulus teh sigah ngahaja dugina teh waktosna
samporet, padahal kedah ngurus itu ini. Atuh bolay wae (pangalaman bade kursus
9 sasih ka India).
Diakalan weh alamat surat teh tong ka kantor tapi ka rorompok, teras
institusi anu manggil mung tembusan ka kantor mah; (eta pangalaman S2 di UI
1990). Waktos bade S3 oge hahalang teh kacida, ditugaskeun di Pascasarjana
heula, majar teh itung2 mayar ikatan dinas, padahal S2 dibiayaan 100% sponsor
(USAID).
Janten lahaola we nekad sakola teh bari yakin, da tos katampi di padamelan
sareng irongan S3, ngabiur, wawartos bade milari sakola ka luar nagara. Berekah
tos ditampi S3 serat panggilan ditampina dikintun ka kantor. Ieu carios mulus,
da aya sababaraha urang anu sanasib kawitna, kumargi tos di luar negeri, bosna
keukeuh peuteukeuh teu ngawidian, anu ditampi ti kantor teh sanes widi sakola,
malah serat PHK. Tah eta kasus pangalaman pribados.
Aschev Schuraschev Deui <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur Aki Tams,
Panginten henteu tiasa sadaya program iketan dines sareng beasiswa
disakompetdaunkeun. Pribados mah gaduh pangalaman bea siswa teh
lungsur-langsar, henteu aya anu ngahalangan. Waktos pribados kuliah di Paguron
Luhur Cap Gajah di Bandung, umumna mahasiswa di eta paguron, kalebet pribados,
gaduh cita-cita teh hoyong janten padamel swasta sapertos di pausahaan minyak,
telekomunikasi sareng anu sanesna; henteu aya irongan palay janten PNS. Taun
1993, pas bade lulus, dongkap utusan ti Ropeg Depparpostel ka kampus kanggo
nawiskeun lowongan padamelan kalayan embel-embel upami janten padamel eta
departemen bakal disakolakeun S2 boh di lebet atanapi di luar nagri. Henteu
disangki, aya 130-an anu katarik ngalamar kanggo janten PNS di eta departemen,
kalebet pribados. 60-an mahasiswa janten ngiring tes seleksi, teras 10 urang
anu lolos. Alhamdulillah pribados lolos dina ujian saringan. Alhamdulillah oge
dina taun 1997 pribados sareng sababaraha rerencangan saalumni, kalayan
pangrojong ti atasan sareng Ropeg, ditugaskeun diajar di Vanderbilt
University, Nashville, Tennessee, USA.
Panginten di babakan KUSnet ieu oge aya anu kantos ngiringan iketan dines
atanapi program bea siswa janten taruna di Akabri, janten mahasiswa STAN,
sareng anu sanesna, anu dina hal ngalajengkeun pendidikan ka jenjang anu
langkung luhur lungsur-langsar henteu dihalangan ku atasan.
Kitu numutkeun pribados mah, kirang langkungna nyuhunkeun ageung
pangapuntenna upami aya kalepatan atanapi aya hal-hal anu henteu merenah dina
cara ngadugikeunnana.
Wassalamualaikum,
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya anu curiga sidikan kawasna, lamun ngayakeun program bea siswa atanapi
ikatan dinas teh kumaha nasib kakuasaan dina dua atawa tilu tahun kahareup?
Sieuneun bakal kalindes?
Mental eta sigahna masih aya keneh, teu ridho lamun batur maju???komo lamun
anu maju teh bawahan. Teu sakedik anu sakola kaluar nagara ku biaya sorangan
teh salah sawiosna balukar sikap atasan anu boga mental kitu.
Malah aya rerencangan aki tams belaan hayang maju sakola teh, pasea heula
jeung atasan, malah tungtungna dipecat. Mangga wae lenyepan dina pamarentahan
urang oge, aya keneh sipat keukeuh peuteukeuh hayang mun bisa mah jabatan teh
abadi, ulah batur.
Tah sipat "mempertahankan status kuo" eta anu kedah direpormasi heula upami
urang palay majeng.
Wa Allohu Alam bish Shawab.
Recent Activity
9
New Members
2
New Files
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Search Ads
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Yahoo! Mail
Get on board
You're invited to try
the all-new Mail Beta.
Y! Messenger
Instant hello
Chat in real-time
with your friends.
.
---------------------------------
No need to miss a message. Get email on-the-go
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.