Wilujeng Mang Jamal....Good Luck ! 
ngiring bingah, ngiring mang du'akeun
sanajan punten teu tiasa ngiring nyumbang dana,heuheuheu.....


-LN-


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
 Tadina mah moal bebeja, bisi dikekeak siga nu euweuh gawe. tapi kusabab
 patali jeung sunda, nya bebeja we, sugan dibarantuan, dituduhkeun jalan
 -nuhun mun sakalian dialanteur jeung dibekelan, paling copel didu'akeun.
 Heuheu
 
 Tilu-opat poe katukang meunang surat panggilan. Katampa sakola deui. Di
 program pasca sarjana itb, program ilmu desain & senirupa. Program Doktor
 tea, mondok di kantor.
 
 Ari calon panalungtikan nu engkena didesertasikeun mah perkawis Estetika
 Sunda tea, utamana dina widang wangunan atawa arsitektur jeung budaya nu
 narapel dina widang eta sarupaning parabots imah. Cara nalungtikna mah make
 jurus ngablu atawa ulin tea, nya kudu nguriling ka lembur2 satatar
 sunda-milih atawa random surandom sakapanggihna. Nu geus kairong baris
 dipaluruh nyaeta kampung Adat (anyar) sindangbarang Bogor, terus cek kang
 Ajip, di Sumedang aya imah urut Bupati Bandung (nu turunan Sumedang)
 Martanagara, oge aya imah urut Cut Nya Dien nu cenah asli keneh. 
 
 Oge Garut cipanas. Pedah loba hotel nu make model hateup injuk tapi
 dindingna tembok (sebut we arsitektur campuran modern+tradisional=post
 modern). Kahayang mah teu noong kampung2 adat-sabab eta mah geus jadi living
 museum-budaya wangunan geus eureun, tapi sarupaning imah atawa wangunan
 urang sunda biasa. Boh nu antik, nu kamari/modern boh nu beh dieu (sebut we
 post-modern). Nya rek motret kabinangkitan urang sunda patali jeung budaya
 bumen2, hunian/dwelling culture.
 
 Ari gampangna mah rek neangan naon nu sok aya atawa angger-keukeuh aya di
 imah2 tatar sunda. Ari nyawana nalungtik perkara eta, ku manggih kecap
 papatah kolot tea, hirup kudu masagi. US make simbol pasagi pikeun conto
 hirup hade. Opat sisina rata. Sarua. Duka ti iraha eta  papatah. Naha
 karuhun urang baheula geus boga rumus dina urusan rupa (bentuk), buleud,
 pasagi (bujursangkar, square, segitilu, jsb.
 
 Kungsi keur ngahuleung hareupeun komputer di imah-bari ngomong sorangan,
 indung budak lumpat ka dapur. Teu lila balik deui mawa hihid. Haha. Tuh
 tingali! Pokna. Enya, bentukna pasagi, lapis luar/nu gedena. Nu leutikna,
 segitilu. Timana eta bentuk asalna, nya?  Bentuk segitilu eta ditapelkeun
 kana hihid nu pasagi, pikeun nguatkeun bentuk segi opatna. Jadi leuwih anteb
 dipakena tah sakadang hihid. Eta mah conto kabisa karuhun nyieun sarupaning
 parabot nu make model bentuk kotak jeung segitilu. Beh jauhna nya noong
 imah.
 
 Sanajan istilah estetika asalna ti kulon (Baumgarten) nu cenah beh ditu ti
 Yunani Kuno jaman Toto Plato atau Aris Aristoteles, si kuring yakin, karuhun
 urang oge boga, sanajan teu ditarabeuh. Ke urang toong ka terjemahan naskah
 Siksa Kanda Karesian (Atawa Galunggung Message tea) di ua Sas. Pasti boga
 sarupaning rumus dasar atawa paling copel carita ngeunaan soal kaendahan
 dina rupa.
 
 Ngan can sugema pisan, sabab beasiswana (bpps cara keur s2 kamari) can aya
 pengumuman. Cenah pertengahan agustus. Tapi daptar ulang awal agustus. Jaba
 pangulinan teu boga anggaran taun ieu pikeun nalangan. Hadena aya imah di
 antapani. Kontrakanana pikeun spp awal. Itebe ayeuna mah model suwasta (cap
 bhmn tea), aya uang kuliah tetap, 3,5jt/semester, jeung uang SKS, sa SKS Rp
 350 rebu. Baheula mah lempeng we. Mayar sakitu rebu keur sasamesteren. Ke
 urang tanya, kaci teu ku pare atawa kalapa. Haha. 
 
 
     
                       

       
---------------------------------
Get the free Yahoo! toolbar and rest assured with the added security of spyware 
protection. 

Kirim email ke