"Jay !"
"Hmmm.."
"Gelo euy !"
"Saha ?"
"Lain saha, ieu berita na koran..."
"Naha kitu ?"
"Asa kuteungteuingeun, harga kabutuhan sapopoe teh beuki 
 tingterekel.."
"Maenya ?"
"Enya...komo minyak goreng mah, jaba euweuh...jaba hargana naek.."
"Bae atuh"
"Bae kumaha ari maneh, meni teu mikir pisan ?"
"Ari geus, kudu kumaha atuh ?"
"Nya pan pikirkeuneun ieu teh?"
"Memangna, mun dipikiran, tuluy eta harga-harga bakal turun ?"
"Nya henteu sih.."
"Mun henteu mah, naha atuh bet kacape-cape mikir ?"
"Nya sahenteu-na atuh urang teh kudu mikiran sangkan
 harga kabutuhan sapopoe teh teu nalaktak jiga kieu.."
"Ah, ceuk uing ge keun bae. Tong dipikiran, bisi gering !"
"Ih maneh mah..."
"Yeuh Dul, nu kudu mikiran teh sabenerna mah wawakil urang.
 para anggota Dewan, boh di DPR Pusat boh di DPRD..."
"Owh kitu ?"
"Nya heueuh ! apan diangkat jaradi anggota DPR teh pikeun
 jadi wawakil rahayat, ngawakilan urang, geus jadi kawajibanana
 pikeun mikiran pasualan rahayat leutik, neangan solusi-na
 keur narekahan sagala nu tumiba ka rahayat leutik.." 
"Adooooh....meni gaya euy maneh nyaritana ayeuna mah"
"Gaul atuh Dul, maca koran meh nambah wawasan. Meh beunta
 pikiran teh, ulah kurung batokeun."
"Tapi Jay, naha atuh najan aya DPR ge, rahayat mah angger
 hirupna seuseut ?"
"Puguh anggota DPR teh loba nu goblog"
"Goblog kumaha Jay ? apan maranehna teh jelma palinter ?"
"Nu disebut jelma pinter mah biasana ge dukun.."
"Ari kitu ? goblog kumaha ?"
"Goblog teh hartina logor. Logor teh gede teuing, teu meujeuhna.
 Cik, mun maneh make papakean logor, pantes teu ?"
"Henteu.."
"Matakna, Loba anggota DPR anu teu pantes jadi wawakil urang
 sabab eusi uteukna ngan saukur mikiran peujitna sorangan bae.
 Mun DPR-na balener digawena mah, moal aya nu mahasiswa demo teh.
 moal aya karyawan nu demo, moal aya supir beus mogok .."
"Ari kitu, gawena DPR teh naon atuh ?"
"Nya teuing atuh..da nu katempo mah rapat jeung rapat bae geuning.."
"Heueuh Jay, uing kungsi lalajo na tipi, geuning keur rapat DPR
 teh lolobana mah kalah ngobrol, aya nu udud, aya nu nundutan.."
"Enya kitu, nu ngorong ge da aya..."
"Ah maenya..?"
"Enya, mun teu percaya, sok we tempo kolong meja di ruang rapat DPR, 
 pasti karadak da sok dilodet-lodetkeun kana handapeun meja"
"Ah maenya nepi ka kitu ah... ?"
"Naha bet maenya ? heueuh pan anggota DPR ge baroga irung. "
"Ih geuleuh atuh..."
"Puguh we geuleuh dan korong batur, mun korong sorangan mah henteu"
"Maneh mah, mun ngobrol naon bae teh, tungtungna teh teu jauh 
 tina nyaritakeun korong ih!"
"Bae atuh ih .."
"Geus ah.."



-dul-
tukangteuing

Kirim email ke