Bade teu ngisinkeun kumaha atuh da kang jay mah nempokeun korong :P

Neng Iva

--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Yeuuuuh Teh Ipon..(bari nepak, tuluy emok..)
> jadi urang teh kudu nempokeun nya ? 
> nyaan kudu ditempokeun ?
> Enya ? isin ah..
> 
> 
> hi hi..
> 
> 
> -dul-
> --- In [email protected], "mojang_akank" <mojang_akank@> 
> wrote:
> >
> > Kang jay, yeuuh...( bari metakeun ) mun rahayat teu mikiran 
harga 
> > kabutuhan nu naraek, atuh ngeungeunaheun wawakil rakyat di DPR. 
> Mun 
> > rahayat teu nempokeun kasusahna harga2 kabutuhan, wawakil DPR 
moal 
> > mikir2. Moal timbul hati nurani mun ceuk basa gaulna mah....
> > heuheuheu
> > 
> > 
> > Neng Iva
> > 
> > --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote:
> > >
> > > "Jay !"
> > > "Hmmm.."
> > > "Gelo euy !"
> > > "Saha ?"
> > > "Lain saha, ieu berita na koran..."
> > > "Naha kitu ?"
> > > "Asa kuteungteuingeun, harga kabutuhan sapopoe teh beuki 
> > >  tingterekel.."
> > > "Maenya ?"
> > > "Enya...komo minyak goreng mah, jaba euweuh...jaba hargana 
> naek.."
> > > "Bae atuh"
> > > "Bae kumaha ari maneh, meni teu mikir pisan ?"
> > > "Ari geus, kudu kumaha atuh ?"
> > > "Nya pan pikirkeuneun ieu teh?"
> > > "Memangna, mun dipikiran, tuluy eta harga-harga bakal turun ?"
> > > "Nya henteu sih.."
> > > "Mun henteu mah, naha atuh bet kacape-cape mikir ?"
> > > "Nya sahenteu-na atuh urang teh kudu mikiran sangkan
> > >  harga kabutuhan sapopoe teh teu nalaktak jiga kieu.."
> > > "Ah, ceuk uing ge keun bae. Tong dipikiran, bisi gering !"
> > > "Ih maneh mah..."
> > > "Yeuh Dul, nu kudu mikiran teh sabenerna mah wawakil urang.
> > >  para anggota Dewan, boh di DPR Pusat boh di DPRD..."
> > > "Owh kitu ?"
> > > "Nya heueuh ! apan diangkat jaradi anggota DPR teh pikeun
> > >  jadi wawakil rahayat, ngawakilan urang, geus jadi kawajibanana
> > >  pikeun mikiran pasualan rahayat leutik, neangan solusi-na
> > >  keur narekahan sagala nu tumiba ka rahayat leutik.." 
> > > "Adooooh....meni gaya euy maneh nyaritana ayeuna mah"
> > > "Gaul atuh Dul, maca koran meh nambah wawasan. Meh beunta
> > >  pikiran teh, ulah kurung batokeun."
> > > "Tapi Jay, naha atuh najan aya DPR ge, rahayat mah angger
> > >  hirupna seuseut ?"
> > > "Puguh anggota DPR teh loba nu goblog"
> > > "Goblog kumaha Jay ? apan maranehna teh jelma palinter ?"
> > > "Nu disebut jelma pinter mah biasana ge dukun.."
> > > "Ari kitu ? goblog kumaha ?"
> > > "Goblog teh hartina logor. Logor teh gede teuing, teu 
meujeuhna.
> > >  Cik, mun maneh make papakean logor, pantes teu ?"
> > > "Henteu.."
> > > "Matakna, Loba anggota DPR anu teu pantes jadi wawakil urang
> > >  sabab eusi uteukna ngan saukur mikiran peujitna sorangan bae.
> > >  Mun DPR-na balener digawena mah, moal aya nu mahasiswa demo 
teh.
> > >  moal aya karyawan nu demo, moal aya supir beus mogok .."
> > > "Ari kitu, gawena DPR teh naon atuh ?"
> > > "Nya teuing atuh..da nu katempo mah rapat jeung rapat bae 
> > geuning.."
> > > "Heueuh Jay, uing kungsi lalajo na tipi, geuning keur rapat DPR
> > >  teh lolobana mah kalah ngobrol, aya nu udud, aya nu 
nundutan.."
> > > "Enya kitu, nu ngorong ge da aya..."
> > > "Ah maenya..?"
> > > "Enya, mun teu percaya, sok we tempo kolong meja di ruang 
rapat 
> > DPR, 
> > >  pasti karadak da sok dilodet-lodetkeun kana handapeun meja"
> > > "Ah maenya nepi ka kitu ah... ?"
> > > "Naha bet maenya ? heueuh pan anggota DPR ge baroga irung. "
> > > "Ih geuleuh atuh..."
> > > "Puguh we geuleuh dan korong batur, mun korong sorangan mah 
> henteu"
> > > "Maneh mah, mun ngobrol naon bae teh, tungtungna teh teu jauh 
> > >  tina nyaritakeun korong ih!"
> > > "Bae atuh ih .."
> > > "Geus ah.."
> > > 
> > > 
> > > 
> > > -dul-
> > > tukangteuing
> > >
> >
>


Kirim email ke