Download: - didudut - dibedol - diunduh - diala ceuk pribados mah pasna teh 'diunduh' atawa 'diala', da geuning lamun ngala (misalna ngala sabangsaning bubuahan) pasti tiluhur...
namina 'ngunduh' teh sami sareng 'mupu' sanes? (sanes...) janten pas, sami2 tiluhur ka handap => download. lamun upload, panginten jadina teh 'ngunjal' atawa 'diunjal' (basa sunda lain nya?) langkung pas deui 'dialungkeun' panginten, da kapan upami ngalungkeun mah relatip kaluhur.. punten ah.. iwan Tatang Sariman wrote: > Oh kitu, hatur nuhun, ari "download" mah dina bahasa Melayu > diterjemahkeun janten "muaturun", duka upami dibahasa sundakeun mah?. > Kumaha upami download disundakeun janten "dicitakturun"? > > */taso1009 <[EMAIL PROTECTED]>/* wrote: > > Leres Kang Tatang, numutkeun sesepuh didieu, Bpk Agoes Adiman > Sadkar, oge sami nya disungsi teh diusut, dipaluruh, diteangan. > Nanging upami kamari mah kecap sungsi teh digunakeun pikeun mere > saran sangkan 'disungsi' / 'dipaluruh' dialamat ieu. Ana dibuka teh > geuning link kana file pdf anu kantun diprint atanapi didownload. > Tah... ari kecap 'download' naon padanan harti basa Sundana? > Manawi tos aya.... >

