Jug, jalu. Kolot mah ukur bisa jurung do'a! Sing 
junun, kade ulah poho sholat nya! Da hirup mah ukur 
wawayangan.
 
 --- In [email protected], ika mardiah 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Wilujeng Mang J
>   Mugi lungsur langsar
>   Oge biayana lancar.
>   Pidu'a ti sadayana
>   Hebat lah KUSnet bakal aya calon doktor.
>    
>   Baktos,
>   -ika-
> mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           
> Tadina mah moal bebeja, bisi dikekeak siga nu 
euweuh gawe. tapi kusabab
> patali jeung sunda, nya bebeja we, sugan 
dibarantuan, dituduhkeun jalan
> -nuhun mun sakalian dialanteur jeung dibekelan, 
paling copel didu'akeun.
> Heuheu
> 
> Tilu-opat poe katukang meunang surat panggilan. 
Katampa sakola deui. Di
> program pasca sarjana itb, program ilmu desain & 
senirupa. Program Doktor
> tea, mondok di kantor.
> 
> Ari calon panalungtikan nu engkena didesertasikeun 
mah perkawis Estetika
> Sunda tea, utamana dina widang wangunan atawa 
arsitektur jeung budaya nu
> narapel dina widang eta sarupaning parabots imah. 
Cara nalungtikna mah make
> jurus ngablu atawa ulin tea, nya kudu nguriling ka 
lembur2 satatar
> sunda-milih atawa random surandom sakapanggihna. 
Nu geus kairong baris
> dipaluruh nyaeta kampung Adat (anyar) 
sindangbarang Bogor, terus cek kang
> Ajip, di Sumedang aya imah urut Bupati Bandung (nu 
turunan Sumedang)
> Martanagara, oge aya imah urut Cut Nya Dien nu 
cenah asli keneh. 
> 
> Oge Garut cipanas. Pedah loba hotel nu make model 
hateup injuk tapi
> dindingna tembok (sebut we arsitektur campuran 
modern+tradisional=post
> modern). Kahayang mah teu noong kampung2 
adat-sabab eta mah geus jadi living
> museum-budaya wangunan geus eureun, tapi 
sarupaning imah atawa wangunan
> urang sunda biasa. Boh nu antik, nu kamari/modern 
boh nu beh dieu (sebut we
> post-modern). Nya rek motret kabinangkitan urang 
sunda patali jeung budaya
> bumen2, hunian/dwelling culture.
> 
> Ari gampangna mah rek neangan naon nu sok aya 
atawa angger-keukeuh aya di
> imah2 tatar sunda. Ari nyawana nalungtik perkara 
eta, ku manggih kecap
> papatah kolot tea, hirup kudu masagi. US make 
simbol pasagi pikeun conto
> hirup hade. Opat sisina rata. Sarua. Duka ti iraha 
eta papatah. Naha
> karuhun urang baheula geus boga rumus dina urusan 
rupa (bentuk), buleud,
> pasagi (bujursangkar, square, segitilu, jsb.
> 
> Kungsi keur ngahuleung hareupeun komputer di 
imah-bari ngomong sorangan,
> indung budak lumpat ka dapur. Teu lila balik deui 
mawa hihid. Haha. Tuh
> tingali! Pokna. Enya, bentukna pasagi, lapis 
luar/nu gedena. Nu leutikna,
> segitilu. Timana eta bentuk asalna, nya? Bentuk 
segitilu eta ditapelkeun
> kana hihid nu pasagi, pikeun nguatkeun bentuk segi 
opatna. Jadi leuwih anteb
> dipakena tah sakadang hihid. Eta mah conto kabisa 
karuhun nyieun sarupaning
> parabot nu make model bentuk kotak jeung segitilu. 
Beh jauhna nya noong
> imah.
> 
> Sanajan istilah estetika asalna ti kulon 
(Baumgarten) nu cenah beh ditu ti
> Yunani Kuno jaman Toto Plato atau Aris 
Aristoteles, si kuring yakin, karuhun
> urang oge boga, sanajan teu ditarabeuh. Ke urang 
toong ka terjemahan naskah
> Siksa Kanda Karesian (Atawa Galunggung Message 
tea) di ua Sas. Pasti boga
> sarupaning rumus dasar atawa paling copel carita 
ngeunaan soal kaendahan
> dina rupa.
> 
> Ngan can sugema pisan, sabab beasiswana (bpps cara 
keur s2 kamari) can aya
> pengumuman. Cenah pertengahan agustus. Tapi daptar 
ulang awal agustus. Jaba
> pangulinan teu boga anggaran taun ieu pikeun 
nalangan. Hadena aya imah di
> antapani. Kontrakanana pikeun spp awal. Itebe 
ayeuna mah model suwasta (cap
> bhmn tea), aya uang kuliah tetap, 3,5jt/semester, 
jeung uang SKS, sa SKS Rp
> 350 rebu. Baheula mah lempeng we. Mayar sakitu 
rebu keur sasamesteren. Ke
> urang tanya, kaci teu ku pare atawa kalapa. Haha. 
> 
> 
> 
>          
> 
>        
> ---------------------------------
> Ready for the edge of your seat? Check out 
tonight's top picks on Yahoo! TV.
>


Kirim email ke