Wilujeng Mang Je,
Perkawis Estetika Sunda khususna diwidang wangunan aya PR ageung kanggo
urang, nyaeta "merekonstuksi" karaton anu di Pakuan Pajajaran tah eta tugas
Doktor Desain da moal aya deui anu 'mampuh' nu sejen mah atuh, sok si uing
mah masarahkeun ka Mang Je. Nu lianna upami tong hilap ka Sumedang
merhatoskeun desain "Srimanganti" "Bumi Kaler" sareng "Lingga" eta teh
saurna mah didesain ku Eyang Suryaatmaja asli desainer lokal dina waktos
harita.  Aya deui desain Mahkota Binokasih tapi upami teu lepat anu aya di
musium teh duplikatna, anu aslina mah kedah papay heula margi tangtosna oge
tina segi estetika aya bentenna, desain keris 'khususna' keris anu ditaretes
inten. Sakitu heula ah, engke upami aya anu kaemutan deui Insya Alloh di
dugikeun ka Mang Je.

Wassalam,
dudi_ss

----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, June 15, 2007 12:00 PM
Subject: [Urang Sunda] bismillah, sakola deui, euy!


>
> Ari calon panalungtikan nu engkena didesertasikeun mah perkawis Estetika
> Sunda tea, utamana dina widang wangunan atawa arsitektur jeung budaya nu
> narapel dina widang eta sarupaning parabots imah. Cara nalungtikna mah
make
> jurus ngablu atawa ulin tea, nya kudu nguriling ka lembur2 satatar
> sunda-milih atawa random surandom sakapanggihna. Nu geus kairong baris
> dipaluruh nyaeta kampung Adat (anyar) sindangbarang Bogor, terus cek kang
> Ajip, di Sumedang aya imah urut Bupati Bandung (nu turunan Sumedang)
> Martanagara, oge aya imah urut Cut Nya Dien nu cenah asli keneh.
>
>

Kirim email ke