oh..muhun kalangkung kang..., punten.. panambih... kanggo pasilitas anu aya di Bumi Perkemahan DR. Mashudi Kiarapayung : 1. Aula tiasa nampung kl.1000 jalmi (saurna mah) 2. Wisma aya 9 tempat (kanggo nu nyandak kulawarga ) 3. Barak nu jumlahna aya 60 kamar (istri pameget dipisah) 4. Masjid + mushola 5. MCK kawilang seuer oge ( di wisma mah tiap wisma aya mck) 6. Lstrik kaetang ageung daya/wattna 7. Lapangan Olah raga 8. 7 tempat kemah aya sababaraha tempat jarak ti wisma / aula kaetang caket ( 100m - 500 m)
kanggo aliran listrik ka tempat api unggun tiasa narik kabel pami teu lepat mah anu jarakna teu patos tebih teuing pami teu lepat mah, kanggo lengkepna mah insya Allah bade disurvey deui kanggo persiapan akhir. sementawis sakitu panginten kanggo panambih mah, insya Allah kapayuna baris dilengkepan insformasina, nuhun. "kkbm'69" On 6/18/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun kana informasi perkawis riungan panata calagra di Jatinangor. Aana teh aya nu kirang jelas perkawis prasarana anu aya di bumi perkemahan. Sapertos, aya sabaraha kamar anu tiasa diangge lamun aya nu teu kersa di kemah, luas gedong pertemuan, listrikna kumaa mun kanggo lampu video, sound systemna kumaha, tempat gedong pertemuan sareng, tempat api unggunna tebih heunteu, atanapi kumaha tah lamun rek divideokeun, aya aliran listrik heunteu di tempat api unggun. Anu palingpenting mah eta tah, tempat miceun, aya sabaraha kamer ibak, sjb. baktos, mrachmatrawyani --- kang boim <[EMAIL PROTECTED] <kujangs%40gmail.com>> wrote: > Assalamu'alaikum Wr, Wb. > Baraya...., > Alhamdulillah..., acara ngariung panata Calagra di > Jatinangor poe Saptu ping > 16 Juni 2007 kalaksanakeun. . __________________________________________________________ Boardwalk for $500? In 2007? Ha! Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games. http://get.games.yahoo.com/proddesc?gamekey=monopolyherenow

