Owh..
sugan teh haratis..

-dul-
tukangteuing


--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngalengkepan gambaran ti Kang Iim...
> 
> Perkawis fasilitas, di Kiara Payung teh aya sababaraha area 
kemping,
> ageung-alit nu benten pangaos sewana (300 - 900 rebu per 24 jam). 
Anapon
> kanggo acara indor & pamondokan, anu aya teh aula (kapasitas 500 
urang,
> kalebet korsi 100) pangaos 500 rebu/24 jam. Barak anu sadayana 60 
ranjang
> soranganeun (single bed) dibagi kana sababaraha rohangan, rata2 
per rohangan
> 10 ranjang.
> 
> Perkawis ieu, nuju ditimbang2, gumantung kana rarancang acarana, 
naha tiasa
> di luar sagemblengna atanapi aya nu kedah nganggo rohangan. Ari 
ceuk
> sawangan mah, kacida bakal rame & resepna mun acara teh digelar di 
luar.
> Gegentos gedong nya mangrupi tenda peleton (cenah), anu dina 
waktosna mondok
> tiasa oge dianggo mondok, ditambih hiji/dua tenda sanesna (atanapi 
aya nu
> nyandak tenda nyalira, nya tiasa pisan). Soal kamungkinan hujan, 
saur Pa
> Ibrahim mah sigana engke teh teu nuju usum hujan.
> 
> Kanggo anu henteu tiasa nenda, misalna nu nyandak kulawargi + 
murangkalih,
> aya sababaraha pilihan:
> - di Kiara Payung: 9 wisma basajan (masing2 1 kamar). Nu dua caket 
aula, nu
> tujuh rada nenggang.
> - di luar Kiara Payung: hotel2 di Jatinangor, ti kelas basajan 
dugi ka
> bentang opat (Hotel Puri Khatulistiwa)
> Pokona mah seueur pilihan, kumaha selera bae. Upami memang 
peryogi, tiasa
> sakantenan disurvey oge.
> 
> Sanaos alit, fisik jalan ti Jatinangor ka Kiara Payung sae pisan, 
tilas
> persiden muka jambore taun kamari. Anggangna kira 5-10 menitan 
make mobil,
> mung panginten wengi mah poex. Ieu teh nganggo asumsi yen nu 
nyandak
> kulawargi mah nyandak tutumpakan pribadi.
> 
> Perkawis fasilitas sanesna oge, tangtos diemutan, utamina anu 
patali jeung
> cai (ceuk pamikir teh, keun bae atuh sapoe-sapeuting eta mah teu 
mandi, da
> teu unggal minggu! Heuheu...). Oge poto2 lokasi, punten pisan 
kamari teu
> mendakan 'angle' nu hade nu bisa nembongkeun kaayaan Kiara Payung. 
Ari saur
> nu salurpey mangkukna mah... te o pe we lah....
> 
> Sakitu heula anu kapihatur, hasil gempungan salajengna mah mangga 
urang
> bandungan bae.
> 
> On 6/18/07, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   oh..muhun kalangkung kang..., punten..
> > panambih...
> > kanggo pasilitas anu aya di Bumi Perkemahan DR. Mashudi 
Kiarapayung :
> > 1. Aula tiasa nampung kl.1000 jalmi (saurna mah)
> > 2. Wisma aya 9 tempat (kanggo nu nyandak kulawarga )
> > 3. Barak nu jumlahna aya 60 kamar (istri pameget dipisah)
> > 4. Masjid + mushola
> > 5. MCK kawilang seuer oge ( di wisma mah tiap wisma aya mck)
> > 6. Lstrik kaetang ageung daya/wattna
> > 7. Lapangan Olah raga
> > 8. 7 tempat kemah aya sababaraha tempat jarak ti wisma/aula 
kaetang caket
> > (100m - 500 m)
> >
>


Kirim email ke