enya ari sugan teh gratis.
pan raos pami gratis mah. imas --- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Owh.. > sugan teh haratis.. > > > -dul- > tukangteuing > > > --- In [email protected], kumincir <kumincir@> wrote: > > > > Ngalengkepan gambaran ti Kang Iim... > > > > Perkawis fasilitas, di Kiara Payung teh aya sababaraha area > kemping, > > ageung-alit nu benten pangaos sewana (300 - 900 rebu per 24 jam). > Anapon > > kanggo acara indor & pamondokan, anu aya teh aula (kapasitas 500 > urang, > > kalebet korsi 100) pangaos 500 rebu/24 jam. Barak anu sadayana 60 > ranjang > > soranganeun (single bed) dibagi kana sababaraha rohangan, rata2 > per rohangan > > 10 ranjang. > > > > Perkawis ieu, nuju ditimbang2, gumantung kana rarancang acarana, > naha tiasa > > di luar sagemblengna atanapi aya nu kedah nganggo rohangan. Ari > ceuk > > sawangan mah, kacida bakal rame & resepna mun acara teh digelar di > luar. > > Gegentos gedong nya mangrupi tenda peleton (cenah), anu dina > waktosna mondok > > tiasa oge dianggo mondok, ditambih hiji/dua tenda sanesna (atanapi > aya nu > > nyandak tenda nyalira, nya tiasa pisan). Soal kamungkinan hujan, > saur Pa > > Ibrahim mah sigana engke teh teu nuju usum hujan. > > > > Kanggo anu henteu tiasa nenda, misalna nu nyandak kulawargi + > murangkalih, > > aya sababaraha pilihan: > > - di Kiara Payung: 9 wisma basajan (masing2 1 kamar). Nu dua caket > aula, nu > > tujuh rada nenggang. > > - di luar Kiara Payung: hotel2 di Jatinangor, ti kelas basajan > dugi ka > > bentang opat (Hotel Puri Khatulistiwa) > > Pokona mah seueur pilihan, kumaha selera bae. Upami memang > peryogi, tiasa > > sakantenan disurvey oge. > > > > Sanaos alit, fisik jalan ti Jatinangor ka Kiara Payung sae pisan, > tilas > > persiden muka jambore taun kamari. Anggangna kira 5-10 menitan > make mobil, > > mung panginten wengi mah poex. Ieu teh nganggo asumsi yen nu > nyandak > > kulawargi mah nyandak tutumpakan pribadi. > > > > Perkawis fasilitas sanesna oge, tangtos diemutan, utamina anu > patali jeung > > cai (ceuk pamikir teh, keun bae atuh sapoe-sapeuting eta mah teu > mandi, da > > teu unggal minggu! Heuheu...). Oge poto2 lokasi, punten pisan > kamari teu > > mendakan 'angle' nu hade nu bisa nembongkeun kaayaan Kiara Payung. > Ari saur > > nu salurpey mangkukna mah... te o pe we lah.... > > > > Sakitu heula anu kapihatur, hasil gempungan salajengna mah mangga > urang > > bandungan bae. > > > > On 6/18/07, kang boim <kujangs@> wrote: > > > > > > oh..muhun kalangkung kang..., punten.. > > > panambih... > > > kanggo pasilitas anu aya di Bumi Perkemahan DR. Mashudi > Kiarapayung : > > > 1. Aula tiasa nampung kl.1000 jalmi (saurna mah) > > > 2. Wisma aya 9 tempat (kanggo nu nyandak kulawarga ) > > > 3. Barak nu jumlahna aya 60 kamar (istri pameget dipisah) > > > 4. Masjid + mushola > > > 5. MCK kawilang seuer oge ( di wisma mah tiap wisma aya mck) > > > 6. Lstrik kaetang ageung daya/wattna > > > 7. Lapangan Olah raga > > > 8. 7 tempat kemah aya sababaraha tempat jarak ti wisma/aula > kaetang caket > > > (100m - 500 m) > > > > > >

