PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) rampak gawé jeung
Téater Sunda Kiwari (TSK) baris ngayakeun Saémbara Ngarang Naskah
Drama Sunda. Ieu saémbara téh minangka tarékah ngaronjatkeun
minat pangarang nulis naskah drama Sunda. Naskah pinunjul dina ieu
saémbara baris dipintonkeun dina Féstival Drama Basa Sunda 2008
Teater Sunda Kiwari di GK Rumentang Siang Bandung.

Katangtuanana:

    1. Saha waé bisa miluan ieu saémbara.
    2. Naskah ditulis dina basa Sunda, mun aya kekecapan tina basa
wewengkon atawa basa deungeun kudu diterangkeunana sasaruanana dina basa
lulugu dina catetan kaki.
    3. Naskah diketik dina keretas A4, 1,5 spasi, maké huruf  Times
New Roman 12pt (mun maké komputer).
    4. Téma naskah bébas (komédi, romantik, tragédi, jsté)
asal teu méngpar tina tetekon, ugeran, papagon jeung moral bangsa
katut agama.
    5. Naskah asli (lain salinan/tarjamahan atawa saduran), can kungsi
dimuat boh dina média citak/éléktronik boh dina buku, tur can
kungsi dipéntaskeun.
    6. Panjang karangan kira-kira 60 meniteun upama  dipéntaskeun.
    7. Jumlah tokoh jeung adegan teu diwatesanan.
    8. Unggal pangarang ngan bisa ngirimkeun hiji naskah  drama
(sajudul).

Cara Ngirimkeunana:

    1. Dina amplop ditulis "Saémbara Ngarang Naskah  Drama Sunda
PP-SS", kirimkeun ka: Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung  40264.
    2. Naskah diémbohan ku katerangan ngeunaan pangarang.
    3. Lian ti kana pos, naskah bisa dikirim kana émail
[EMAIL PROTECTED] atawa [EMAIL PROTECTED]
    4. Naskah kudu geus katarima ku panitia paling leuir 31  Agustus 2007
(cap pos).

Pangajén:

    1. Panitia nangtukeun déwan juri pikeun niténan/ngajén 
naskah dina ieu saémbara, sarta nangtukeun ugeranana (kritéria).
    2. Déwan juri milih lima  (5) karangan pinunjul, sarta nangtukeun
pinunjul I, II, II jeung dua (2)  pinunjul harepan.
    3. Naskah nu jadi pinunjul baris diumumkeun bulan Oktober  2007.
    4. Disayagikeun hadiah keur para pinunjul.

Bandung, Juni 2007

Panitia  Saémbara Ngarang Drama Sunda

Kirim email ke