naon nya hadiah na? he...he.... On 6/20/07, urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) rampak gawé jeung > Téater Sunda Kiwari (TSK) baris ngayakeun Saémbara Ngarang Naskah > Drama Sunda. Ieu saémbara téh minangka tarékah ngaronjatkeun > minat pangarang nulis naskah drama Sunda. Naskah pinunjul dina ieu > saémbara baris dipintonkeun dina Féstival Drama Basa Sunda 2008 > Teater Sunda Kiwari di GK Rumentang Siang Bandung. > > Katangtuanana: > > 1. Saha waé bisa miluan ieu saémbara. > 2. Naskah ditulis dina basa Sunda, mun aya kekecapan tina basa > wewengkon atawa basa deungeun kudu diterangkeunana sasaruanana dina basa > lulugu dina catetan kaki. > 3. Naskah diketik dina keretas A4, 1,5 spasi, maké huruf Times > New Roman 12pt (mun maké komputer). > 4. Téma naskah bébas (komédi, romantik, tragédi, jsté) > asal teu méngpar tina tetekon, ugeran, papagon jeung moral bangsa > katut agama. > 5. Naskah asli (lain salinan/tarjamahan atawa saduran), can kungsi > dimuat boh dina média citak/éléktronik boh dina buku, tur can > kungsi dipéntaskeun. > 6. Panjang karangan kira-kira 60 meniteun upama dipéntaskeun. > 7. Jumlah tokoh jeung adegan teu diwatesanan. > 8. Unggal pangarang ngan bisa ngirimkeun hiji naskah drama > (sajudul). > > Cara Ngirimkeunana: > > 1. Dina amplop ditulis "Saémbara Ngarang Naskah Drama Sunda > PP-SS", kirimkeun ka: Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung 40264. > 2. Naskah diémbohan ku katerangan ngeunaan pangarang. > 3. Lian ti kana pos, naskah bisa dikirim kana émail > [EMAIL PROTECTED] atawa [EMAIL PROTECTED] > 4. Naskah kudu geus katarima ku panitia paling leuir 31 Agustus 2007 > (cap pos). > > Pangajén: > > 1. Panitia nangtukeun déwan juri pikeun niténan/ngajén > naskah dina ieu saémbara, sarta nangtukeun ugeranana (kritéria). > 2. Déwan juri milih lima (5) karangan pinunjul, sarta nangtukeun > pinunjul I, II, II jeung dua (2) pinunjul harepan. > 3. Naskah nu jadi pinunjul baris diumumkeun bulan Oktober 2007. > 4. Disayagikeun hadiah keur para pinunjul. > > Bandung, Juni 2007 > > Panitia Saémbara Ngarang Drama Sunda > >
-- ::ri_1:: Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com Mobile : +62-818-109410 www.urang-sunda.or.id. su.wikipedia.org [email protected] [EMAIL PROTECTED] urangtasik.multiply.com inawan.multiply.com

