Ih Teh Gia mah jolok... hi hi
-dul- --- In [email protected], Lygia Nostalina <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > hihihihihihiii................kang, mending Jay mah sina ngorong we lah > lumayan tamba kesel sajajalan, daripada ngobrol jeung nu kitu patut > engke korongna ditapelkeun kana acuk manehna. teu ningalieun ieuh lah... > > -LN- > > > ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Jam 6 sore kurang 5 menit, si Jay anjog ka Stasion Kareta. > Adzan magrib geus liwat titatadi keneh, basa sajajalan > tumpak ojeg ti terminal ka Stasionkeun. Buru-buru ngodok > pesakna, sor mere sapuluh rebuan ka tukang Ojeg. > Bari rada lulumpatan, muru kana loket. > "Bisnis atow Eksekutip Pak ?" ceuk penjaga loket bari > gumeulis > "Bisnis ajah", ceuk si Jay bari ngasongkeun 50 rebuan. > Geus nampa karcis, gura-giru si Jay muru Kareta nu geus > rek indit. > > Dina jero Gerbong Kareta, si Jay leumpang bari panona > rurat reret kana luhureun kaca jandela, mapayan nomer > korsih. Sihoreng pang-tungtungna, nyanghareupan Toilet. > Gek si Jay diuk, bari seuri leutik ka wanoja anu > diuk gigireunana. Hmmm....lumayan aya batur ngobrol. > > Rada lila pacicing-cicing teh. si Jay sakali-kali > ngalieuk ka eta wanoja, api-api nempo ka luar jandela. > Lumayan geulis, biwirna ambucuy, baseuh. Make kacamata > hideung. Teuing keur gaya, teuing keur nyeri panon. > Da ceuk pipikiran teh, maenya make kaca panon hideung > peuting-peuting. Tapi moal mungkin mun tukang urut mah. > Kitu deui wanoja-na, jigana asa-asa rek ngajak ngobrol > teh. Luak-lieuk bae bari sura-seuri. > > Tungtungna mah si Jay ngamimitian nanya. > > "Bade ka Jakarta Neng ?" > "Kulan? Muhun rada mendung nya, jigana mah bade hujan" > "Muhun tadi sonten ge tos ceudeum. Ari Neng bade kamana?" > "Duka atuh kang, da tadi mah apan meni ngaheab kitu hawana oge.." > "Sanes, Neng teh bade ka Jakarta ? turun dimana ?" > "Jigana mah kitu kang, tos usumna manawi.." > "Haar..ari Neng cageur ? ditaros kamana, ngawaler kamana..." > "Enya Kang, apan biasana oge kitu, pami mendung pasti > bade hujan, sanes kitu ? tuh geuning langit ge meni hideung" > "Puguh we poek, da tos magrib Neng, matakna eta kaca panon > hideungna buka atuh.." > "Sanes Kang, abdi mah sanes urang Cijoho. Abdi mah ti Kurucuk > beh pasar kadieukeun.." > "Euuuh...Geulis-geulis teh geuningan bolot" > "Saha nu kolot ? puguh akang nu geus kolot mah" > "Tuh geura, pajarkeun kolot cnah ..." > "Tong kitu atuh kang.... sakieu bahenolna, sakieu eplok cendolna, > teu katingal ku akang ? meni disebutkeun jiga potlot..." > "Emhhh....ck ck ck...geuning oge aya jelma samodel > kieu nya ? sugan teh batur wae nu gelo teh..hi hi... > Ke..ke..Neng bade tuang ? tuh aya pramugari-na kadieu.." > "Heh, Tuang ? Bade ! geuning apal mun abdi teu acan tuang teh.." > "Emh, ari kana dahar mah geuning ngadadak cageur > cepil Neng teh.." > "Tangtos atuh Kang, kaleresan ti enjing teu acan sarapan > ieu teh" > "Sok atuh bade pesen mah. Eh Neng, meungpeung cepilna nuju > cageur, de naros nu tadi.." > "Naon tea kang ?" > "Enya, Neng teh bade kamana ? ka Jakarta ?" > "Henteu Kang, abdi mah bade ka Semarang" > "Haar, naha atuh naek kareta anu bade ka Jakarta ?" > "Ih nya wios atuh, naha bet akang nu pusing ?" > "Pusing mah henteu, Neng, ngan eta we, asa rada aneh..." > "Aneh kumaha ?" > "Ah, teu kumaha-kumaha sih.." > "Ih, puguh akang nu aneh mah" > "Abdi ? " > "Muhun" > "Aneh kumaha ?" > "Ah, teu kumaha-kumaha.." > "Tuh geura.." > "Atuda akangna..." > "Eh Neng, ari nami Neng teh saha ?" > "Naon kang ?" > "Nami..." > "Naon ?" > "Namiiiii !" > "Owh, tong tarik-tarik teuing atuh nyariosna da abdi > ge teu torek.." > "Nya punten atuh, sugan teh teu kadangu. > Jadi saha atuh nami Neng teh ?" > "Naon tea kang ?" > "Ih ari Neng, Namiiii Neng, Namiiii !" > "Duka atuh Kang, anu dina bagasi mah duka Panci saha, da abdi > mah teu babantunan panci.." > "Emh..Gusti, mugia Gusti masihan kasobaran ka abdi.." > "Eh, Kang titatadi urang ngobrol, tapi teu acan nepangkeun" > "Puguh titatadi pan naroskeun nami Neng teh.." > "Nepangkeun, abdi Eli. Pami akang saha ?" > "Jay.." > "Saha kang ?" > "Jay !" > "Joko ?" > "Jaaaaay Neng !" > "Owh, Supardi.." > "Naaa atuh jauh-jauh teuing..sanes Supardi Neng, nami abdi Jay !" > "Nu leres atuh Kang, meni alim ngawartosan nami wae teh.." > "Nami abdi JAY, Je-A-Ye... Jay !" > "owh, Rusmini ? Naha geuning namina jiga nami istri ?" > "Teuing ah, kumaha Neng we lah..." > "Euh, meni bendu kitu, keun wae atuh namina Rusmini oge.." > "Teuing ah.." > > heu heu heu > > -dul- > tukangteuing > > > > > > > > > Lygia Nostalina, SH > Secretary & Legal Aspect > Koperasi Amanah Sarakan > 08179265770 / 7835099 > www.pecintahujan.multiply.com > > --------------------------------- > The fish are biting. > Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing. >

