Si Kabayan jenung Babah Cina
Dina hiji poe si Kabayan dititah meuli kecap sabotol ku nyi Iteung. Sadatangna ka tokona si Babah, celengkeung we si Kabayan teh tatanya. "Babah, meuli kecap sabotol. Sabaraha ?" Ceuk si Kabayan "Gope" tembal si Babah Huleng atuh si Kabayan ngahuleng da teu nyahoeun gope teh sabaraha. Rek nanya da era. Si Kabayan tea atuh mantangul, asa pinter sorangan. "Meunang nawar teu, Bah?" ceuk si Kabayan deui. "Hayya, lek nawal sabalaha ha?" si Babah balik nanya. "Ning nong lah, Bah" ceuk si Kabayan bari mesem. Si babah ayeuna mah nu ngahuleng the. "Ali ning nong sabalaha, kabayan?" tanya si Babah "Har ari Babah, ari gope tadi sabaraha? Tembal si Kabayan "Hayya, gope itu lima latus ha" jawab si Babah Tah geuning gope the lima ratus ceuk si Kabayan dina jero hate. "Lamun ning nong mah tilu ratus bah!, meunang teu?" ceuk si Kabayan asa bungah. "Hayya teu bisa kabayan, lamun opat latus mah sok dibikeun" ceuk si Babah deui. "nya jadi lah opat ratus, yeuh duitna" cuek si kabayan bari ngasongkeun duit. Dasar si Kabayan mah najan belegug oge ari utek na mah geuning rada peinter... Cag ahhhhhhh...

