Nuhun Ua Sas, mangga teraskeun nya. Ua nu ngimplengna ngemutanana, abdi nu engke nyeratna kanggo disertasi tea. Heuheu. Ua Sas tos rengse ngiring kursus sejarah sareng kebudayaan Sunda di lemlit Unpad Cilaki. Janten langkung jero sigana.
--------- Sakali deui nitenan paribasa jeung babasan anu jumlahna 700 (kebenran we tina buku 700 Paribasa Jeung Babasan Sunda) nu basisna waktu ngan 3, nu kaopat mah asa-asa. Beu....kumaha lamun ti ayeuna urang nyieun Paribasa atawa Babasan anyar anu basisna waktu....samisal...." melak mangsa datang elat..." hartina geus jangji dina waktu nu geus ditangtukeun tapi datangna elat, ngerakeun. atawa "nyanghulu di waktu ancad laer kadengena".......hartina ongkoh mere patokan waktu tapi henteu pas kana ucapanana. Ngarang Paribasa ayeuna, sigana 50 taun kahareup mah enyaan jadi paribasa. Cag ah MSasmita

