He he...duka teuing atuh....tapi ulah jero teuing ah bisi hese kaluarna deui.
Ceuk cenah model waktu teh badagna mah aya dua nyaeta siklis jeung linier. 
Sigana deui bae (da ukur ngira-ngira) urang Sunda buhun mah leuwih condong make 
nu siklis.Alesanana dina carita pantun (hormat ka Pa Jakob Sumardjo nu tos 
neuleuman ieu), Mundinglaya Dikusumah putra kameumeut Sunan Ambu, turun ka 
dunya ti Kahyangan dina janggelek Lutung Kasarung, Lutung balik deui jadi 
Mundinglaya sanggeus hirup susah dina wangun lutung ngaliwatan waktu nu 
"eureun" nyaeta ku maot heula. Hal ieu teu beda jeung "karma" dina ajaran Budha 
(konsep waktuna siklis), sok sanajan teu togmol nyebutkeun kitu. Da enya dina 
Budha atawa Hindu euweuh konsep Kahyangan jeung atawa Sanghyang, sedengkeun 
sanghyang dina pantun posisina leuwih luhur batan dewa-dewa.
Dunya Lutung dunya nyata nu kasengker ku waktu, sedengkeun Sunan Ambu ayana di 
Mandala Agung (?.....rada poho deui) diarea bebas waktu. Didieu meureun nu jadi 
alesan naon pangna waktu teu loba disebutkeun, sabab aya kakaitanana jeung 
"Jabaning Langit" area suci secara spiritual. Lain hartina dipopohokeun tapi 
lamun diomongkeun bakal leuwih nyosok jero, geura we paribasa cunduk waktu 
datang mangsa atawa nitih wanci nu mustari kapan sok leuwih dipake keur 
kajadian aya nu maot, enya rada beda jeung paribasa ngindung ka waktu ngabapa 
ka mangsa, sigana ieu paribasa datangna leuwih anyar, leuwih ngora batan nu 
disebut ti heula, unsur mitis spiritualna teu karasa, konsep waktuna siga geus 
jadi linier.
Geus ah.....!! rek ngoconan budak heula.

MSas



  ----- Original Message ----- 
  From: mj 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, June 21, 2007 10:06 AM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Kang Wawan, rohang jeung waktu.


  Nuhun Ua Sas, mangga teraskeun nya. Ua nu ngimplengna ngemutanana, abdi nu
  engke nyeratna kanggo disertasi tea. Heuheu.
  Ua Sas tos rengse ngiring kursus sejarah sareng kebudayaan Sunda di lemlit
  Unpad Cilaki. Janten langkung jero sigana. 

  ---------
  Sakali deui nitenan paribasa jeung babasan anu jumlahna 700 (kebenran we
  tina buku 700 Paribasa Jeung Babasan Sunda) nu basisna waktu ngan 3, nu
  kaopat mah asa-asa.
  Beu....kumaha lamun ti ayeuna urang nyieun Paribasa atawa Babasan anyar anu
  basisna waktu....samisal...." melak mangsa datang elat..." hartina geus
  jangji dina waktu nu geus ditangtukeun tapi datangna elat, ngerakeun.
  atawa "nyanghulu di waktu ancad laer kadengena".......hartina ongkoh mere
  patokan waktu tapi henteu pas kana ucapanana.
  Ngarang Paribasa ayeuna, sigana 50 taun kahareup mah enyaan jadi paribasa.
  Cag ah

  MSasmita



   

Kirim email ke