harr.. naha "server" jadi "dunungan" nya bah? sanes ari "serve" mah hartosna "ngawulaan" atanapi "nglayanan"? atuh panginten "server" teh janten "pelayan" kedahna nya?
heuheu.. heureuy ah.. meureun kawas istilah "wakil rakyat", da geuning dina kanyataanana mah boro2 jadi wakil rahayat, teu ieuh ngarasa yen dununganana teh rahayat, malah kahayangna teh dikawulaan ku rahayat.. ngan nu teu ngabedakeun jeung babu mah: dibayar ku dununganana, ku duit rahayat! tos ah.. ngacapruk kamana mendi.. iwan. surtiwa surtiwa wrote: > Pan anu diangkutan tina Server kana slave na teh data, > sareng sabalikna upload oge naekkeun data ka dunungan > nyaeta Server pan. [dikeureut]

