"Nami saderek ?"
"Saderek saha ? teu gaduh saderek abdi mah pa.."
"Ngaran anjeun !"
"Owh, abdi ?"
"Enya"
"Jay"
"Panjangna ?"
"Panjang naonana, pa ?"
"Panjang bulu irung ! nya atuh ngaran panjangnaaaa..."
"Owh, sugan teh naon. teu aya Pa..Jay we"
"Hmmm..Umur saderek ?"
"Apan ceuk abdi ge, abdi mah teu gaduh saderek.."
"Lain umur dulur anjeun...!"
"Umur saha, ateuh ?"
"Ari anjeun kamana karep wae, nya umur anjeun atuh.."
"Duka Pa, teu apal"
"Duka kumaha ? maenya teu apal kana umur sorangan ?"
"Ih nya duka atuh pa, da tara diitungan.."
"Maenya teu dibejaan ku kolot anjeun ?"
"Puguh ge sepuh abdi mah tos sepuh, tong boro apal
 kana umur abdi, kana umur anjeuna oge teu apaleun.."
"Nya dikira-kira bae atuh..!"
"Dikira-kira kumaha ?"
"Nya dikira-kira, 25 taun atawa 27 taun.."
"Saena ceuk Bapa sabaraha taun ?"
"Ih, nya teuing atuh !"
"Ari Bapa, naha bet ngalilieur abdi ?"
"Puguh maneh nu ngalilieur..." 
"Owh kitu ?"
"Enya !"
"Piraku, Pa ?"
"Piraku-piraku, nya heueuh !"
"Ah, maenya pa ?"
"Naaaa kacida-kacida teuing maneh teh ?"
"Saha ? Abdi ?"
"Heueuh ! Maneh !"
"Owh, sugan teh saha.."
"Meugeus ! kaluar siah !"


-dul-
tukangteuing

Kirim email ke