Ridwan Saidi, memang jalmi kontroversial, keukeuh peuteukeuh yen aya 
etnik nu aranna Betawi. Padahal kecap Batawi wae tadina tina 
Batavia, kecap jijieunan urang Walanda. ARi ceuk logika mah, padumuk 
asli samemeh Walanda (oge Fatahilah) 'ngimpor" jelema timana-mana, 
meureun etnik Sunda. Buktina loba aran tempat/ walungan di Jakarta 
make awalan "Ci" .....

Abad ka 15-17 sabenerna "abad poek" keur Pulo Jawa. Loba peperangan 
antara karajaan-karajaan di Pulo Jawa. Cenah mah ieu teh dimimitian 
ku "lemah"na Majapahit. Daerah2 kakawasaan Majapahit laleupasan. 
Ditambah deui ku datang ageman anyar (Islam) nu terus dituturkeun ku 
daratangna urang Bule. Baheula aya buku kenging Prof Slamet Mulyana 
(Guru Besar Sajarah UI) soal "robahna jaman" di jaman harita, tapi 
buku ieu dilarang medal ku pamarentah, sabab cenah ngaguar fakta nu  
sensitif pisan keur urang Indonesia.

Sigana nu kaalaman ku Majapahit, oge kaalaman ku Pajajaran. 
Pajajaran nagara nu teu dikawasa ku Majapahit, akhirna runtag oge, 
teu bisa nahan tina "robahna jaman". Salah sahiji faktor runtagna 
Pajajaran, nya ku muragna Sunda Kalapa ka Fatahillah (Demak). Sabab 
akibat Sunda Kalapa dikawasa batur, otomatis Pakuan jadi kaasingkeun 
di kajeroan (Pedalaman), pegat hubungan jeung dunya luar ...

Jadi 22 Juni taun ...., teh meureun awal Pajajaran arek runtag???

Baktos,

WALUYA

  

--- In [email protected], brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Bah Willy,
>   Abdi rajeun ngabandungan tokoh ieu boh dina surat kabar, TV, 
buku anjeuna oge situs-situs ngeunaan Betawi. Anjeuna sering 
nyanyandak tokoh Siliwangi, Purnawarman, Kian Santang sareng nu 
sanesna ti urang Sunda baheula upami di taros ngeunaan Jakarta. Tapi 
kumaha nya....rarasaan teh?!


Kirim email ke