Heuheuheu....
Kantos uing ngobrol sareng hiji ibu dina beus.
Ngobrol ngalor ngidul. Saterusna uing nanya:
"Dupi bapak damel dimana bu?"
Manehna langsung beureum beungeutna, bari ngaharewos semu nu 
era, "PULISI!" 
(Kisah nyata eta teh hihihi, tong boroning batur.  Dalah pamajikan 
sorangan wae jiga anu era, pedah salakina pulisi)

Anu kadua, pernah ngobrol deui jeung hiji bapak2. Ngakuna pulisi 
(tapi jigana pulisi bageur ieu mah). Sanggeus ngobrol ngaler ngidul, 
manehna mere nasehat ka uing. "Inget, pokona kalah kumaha oge. Didina 
ulah daek wawuh jeung pulisi!" (Padahal manehna teh pulisi hihihii)


--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Adun: "Calon Gupernur Jakarta Adang Daradjatun menta
> pangdu'ana ti sakabeh
>             urang sunda anu aya di Jakarta."
> Aman:"Geuning masih inget nya, ka "uing" jalma cacah,
> make menta dipangdu'akeun
>              sagala."
> Amun:'Puguh wae atuh, ari jaman keur kampanye mah
> "golongan" urang mani teu 
>             sirikna dipusti-pusti, soalna sora urang
> pan bisa ngajadikeun jalma nomer
>             hiji di jakarta."
> Adol: `Cenah mah Adang teh urang pulisi. Lain ari
> pulisi teh bisa dipercaya heunteu 
>            nya?"
> Adun;"Naha maneh nanya kitu sagala?"
> Adol:"Kapaning remen kajadian, pulisi anu, pulisi
> kitu, sarwa negatif."
> Adun:"Pipikiran kitu teh ngaranna su'udzon, goreng
> sangka. Kapaning dina ajaran
>            Agama oge dipahing pisan su'udzon teh, bisa
> ngabalukarkeun fitnah."
> Aman:"Tapi ceuk uing mah, masih aya PULISI jujur jeung
> amanah, "ngalaksanakeun"
>            pagaweanana, tanpa pamrih, tara korupsi,
> nepotisme sumawona kolusi."
> Adun: "Saha jalmana?"
> Aman:"Jenderal pulisi Hoegeng."
> Amun:" Aya deui anu lian ti eta, nyaeta patung
> pulisi."
> Amun:" Aya deui pulisi  nu tara korupsi nyaeta `polisi
> tidur'."
> 
> Baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> --- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > sok diduakeun asal tong ngerakeun haha
> > 
> > ngerakeun saha? uing? lain! urang--maneh jeung uing
> > ;))
> > 
> > On 6/25/07, v_firmansyah <[EMAIL PROTECTED]>
> > wrote:
> > >
> > >   Kang Adang, calon Gubenrnur nu orang sunda
> > nyuhungkeun doa restu ka
> > > warga Pasundan nu aya di Jakarta. Berita na aya di
> > detik com.
> 
> 
> 
>        
> 
______________________________________________________________________
______________
> Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search 
> that gives answers, not web links. 
> http://mobile.yahoo.com/mobileweb/onesearch?refer=1ONXIC
>


Kirim email ke