aya anu kakantun neng,
Upami ditilik dina lalaokonna, dimana istri anu janten sabab pacengkadan /
perang rongkah antawis 2 nagara, lalakon tumpurna karaton karajaan Troy (anu
digambarkeun dina film Helen of Troy) langkung mirip kana lalakon Ramayana
dimana Sita direbut ku raja Srilanka (Alengka) ti raja Ayudia (di India).
Upami dina asal usul sumber carita, Kidung Sunda mirip sareng Ilyad dimana
naskah lalakon urang Sunda vs Majapait kapendakna di luar Sunda sareng Majapait
sementawis lalakon tumpurna karaton Troy vs Yunani kapendakna di luar Troy
(Turki). Husus kanggo Ilyad, upami henteu lepat, aya naskah pembanding di
Yunani mung hilap deui namina.
Sakitu pamendak sim kuring.
Wassalam,
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Anu
paling mirip antawis Iliyad sareng Kidung Sunda teh:
- Carios Kuda Troya (di Turki) kapendakna di Roma (luar Turki)
- Carios Perang Bubat (di Jatim) kapendakna di Bali (luar Jatim)
Mung ari Carios Kuda Troya mah tos tiasa dibuktoskeun kumargi aya wujudna
kapendak di Turki Kaler.
Duka tah upami carios perang bubat, kumaha cara ngabuktoskeunnana? Naha aya
naskah pembanding di daerah sanesna (di tatar Sunda)? Upami aya, panginten
cekap janten buktos yen perang bubat teh kantos kajantenan.
dini harmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wah, perang bubat anu salah sahijina disababkeun
ku 'istri' nya? seru seru ... mugi-mugi teu kajantenan deui. mugi-mugi potensi
'istri' nu dominan ayeuna tiasa ngawujudkeun perdamaian nu ngabagjakeun, sanes
janten salah sahiji faktor nu nyababkeun 'perang'. mangga diteraskan bagi-bagi
elmuna ...
hatur nuhun
=),
dini harmita
A
Asep
---------------------------------
Looking for earth-friendly autos?
Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center.