Wilujeng ngiring bingah ku tos lulusna Jang Andi... On 6/26/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Reugreug = hate ngarasa tengtrem Tah eta nu karandapan ayeuna. Sabab adi bungsu, si andi chinook tukang kaos tea, tadi sidang sarjana di geofisika itb. Lulus. Rumasa teu kungsi nganteurkeun daptar basa katampa taun 2002. nya tadi ngulampreng ka jurusanana sakalian aya urusan ka itb. Rada ginding jeung pangling da eta make dasi. Karek tadi cenah diajar make dasina oge. Hehe. Studi kasusna inget ayeuna mah, gunung Guntur. Cenah nalungtik jero2na. perkiraan aya lava diantara 2-6km handapeun beungeut laut. Eta ge sipatna interpretatif tina data seismik cenah. Perkiraan cenah. Nya ku bisa ngarang ngira2 kitu ge, geus lulus. Hehe. Inget keneh pisan ka manehna keur orok, sajam tas dilahirkeun di hiji bidan di talaga majalengka. Ayeuna geus lulus sidang sarjana. Wisuda 21 juli payun cenah. Reugreug boga adi bungsu geus beres sakolana. Sanajan rumasa teu bisa mantuan biayanana ku cara urang kota jaman ayeuna. Ah keun bae da lalaki ieu jaba ayeuna mah geus teu jomblo deui, alias boga kabogoh. Hehe. .

