Punten ah bade tumaros, tuang rayi teh di geofisika
(eks GM) itb? atuh panginten rayi kelas sim kuring.
sim kuring mah angkatan 1997.


--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Reugreug = hate ngarasa tengtrem 
> 
> Tah eta nu karandapan ayeuna. Sabab adi bungsu, si
> andi chinook tukang kaos
> tea, tadi sidang sarjana di geofisika itb. Lulus. 
> Rumasa teu kungsi nganteurkeun daptar basa katampa
> taun 2002. nya tadi
> ngulampreng ka jurusanana sakalian aya urusan ka
> itb. 
> 
> Rada ginding jeung pangling da eta make dasi. Karek
> tadi cenah diajar make
> dasina oge. Hehe. Studi kasusna inget ayeuna mah,
> gunung Guntur. Cenah
> nalungtik jero2na. perkiraan aya lava diantara 2-6km
> handapeun beungeut
> laut. Eta ge sipatna interpretatif tina data seismik
> cenah. Perkiraan cenah.
> 
> Nya ku bisa ngarang ngira2 kitu ge, geus lulus.
> Hehe.
> 
> Inget keneh pisan ka manehna keur orok, sajam tas
> dilahirkeun di hiji bidan
> di talaga majalengka. Ayeuna geus lulus sidang
> sarjana. Wisuda 21 juli payun
> cenah. 
> 
> Reugreug boga adi bungsu geus beres sakolana.
> Sanajan rumasa teu bisa
> mantuan biayanana ku cara urang kota jaman ayeuna.
> Ah keun bae da lalaki ieu
> jaba ayeuna mah geus teu jomblo deui, alias boga
> kabogoh. Hehe.
> 
> 
> 
> 


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke