Tah geuning Kang Dudi leuwih terang tos lami tara ka Gramed deui euy....
Kang dudi teh ti Tarikolot Wado lain?
Dede
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang dede, novel sejarah gajahmada ayeuna geus nincak nu kalima:
madakari pura hamukti moksa. cek sababaraha milis perbukuan jeung testimonial
di sababaraha blog mah ieu novel kaitung alus. tapi... sikuring can pernah maca
hehe ngantosan kang asep ;))
kang asep cobi ka inibuku.com... simkuring tos sababaraha kali meser buku ka
dinya lumayan nyugemakeun pelayananna. euceukna mah langkung murah tibatan
gramedia (kuring can pernah ngabandingkeun). upama meser langkung ti 100 rebu
gratis biaya pengirimanna, kanggo urang jakarta.
dh
On 6/27/07, Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Enya kang!
Pan cenah anu abadi mah ngan perobihan eta sorangan.
Kang milarian buku Langit kResna Hadi mah gampang..ka Gramedia wae. tah upami
teu aya, sok aya komputer anu eusina database tinggal klik he..he...
Tos aya 4 jilid upami teu lepat mah. Jilid anu katilu judulna Perang
Bubat.(ke upami tos meser abdi nambut nya kang! tong wawartos ka
batur!).sakantenan we sareng jilid nu ka 4 kang ..he..he..(punten sanes
iklan......), sanes ngadukung Langit Kresna Hadi oge ngan didinya aya patula
patalina sareng urang sunda.
Abdi mah resep kana sajarah teh, boh ancient boh sajarah kontemporer...boh
sajarah dunya atawa sajarah lokal.
Dede Sahman
Anu matak narik, sababaraha abad kapayunna, karajaan Romawi janten imperium
anu oge ngawasa wilayah karuhunna di Turki. Dina sababaraha abad kapayunna
deui. Urang Turki (anu sakaruhun sareng urang Romawi) balik ngalawan sareng
ngarebut Romawi Timur waktos jaya-jayana kasultanan Turki. Sababaraha abad
kapayunna deui, urang Turki merangan urang Yunani sareng hasil ngarebut Siprus.
Ayeuna Siprus satengahna masih dikawasa ku Turki. Janten kacindekannana,
kajayaan sahiji bangsa henteu abadi; kapungkur aliansi Yunani ngagempur
sabagian Turki, sababaraha puluh abad kapayunna Turki sabalikna ngagempur
Yunani sareng ngarebut sabagian Siprus (sabagian Yunani). Eta salah sawios
pelajaran anu tiasa dipetik tina sajarah.
Ngeunaan buku anu dikarang Langit Kresna Hadi, eta teh buku naon? Sanes komik
'nya? Teras dimana tiasa digaleuhna?
Wassalam,
Asep
--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
Website :
http://jatigede.bravehost.com/
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com