Kang,
Sanes ku romantismena (da simkuring resep pisan ka nu romantis-romantis teh,
heu heu heu) tapi eta ku kandelna. Kamari Saptu parantos kenging bukuna.
Kandelna langkung ti 400 kaca. Eta buku teh nembe dibaca kilat, seueur kaca anu
diluncatan.
Ditingali tina sisi sajarah Sunda, aya posotifna sareng aya negatifna eta novel
teh Langit Kresna teh. Ari positifna, utamina anjeunna kersa ngebrehkeun
sajarah karajaan Sunda. Ari negatifna, utamina anjeuna membangun / nyipta citra
Diah Pitaloka Citraresmi teh sabage wanoja goreng adat, anu heuras, sareng
ngalawan ka sepuh saparantos kasmaran ka tokoh fiktif "Saniscara" sareng henteu
misuka dijodokeun ka Hayam Wuruk sahingga Citraresmi henteu pantes upami
dijodokeun sareng Hayam Wuruk. Didieu katingali saolah-olah pihak anu
ngahalangan nikahna Citraresmi ka Hayam wuruk teh pihak (kalebet gajahmada) anu
henteu tiasa dilepatkeun.
Ah eta mah nembe analisa tina hasil maca kilat. engke Salasa payun bade dibaca
langkung daria. Eh naha nya beut janten kritikus novel.
Wassalam,
Asep
Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
yup...
Euleuh si akang nya leres novel....tapi pan sanes novel picisan anu seueur
romantis-romantisan. Malah mah jiga buku sajarah daripada novel.
Seueur novel anu sanes picisan, anu nga "representasi" keun kayaan urang
sapopoe boh sejarah, boh adat, boh hukum, hiji nagara, teu ngomong soal cinta
wae. Sanajan aya masalah cinta anu jadi bumbuna.
Pramudya Ananta Toer contona, Elfriede Jelinek contona, Gabrriel Marquez
contona. Komo Gabriel Marquez mah tah siga pisan buku sajarah amerika kidul
padahal novel.
Sahman
.
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
U r right brother.
Buku Langit Kresna Hadi teh buku novel gening 'nya. Tapi sawios lah sakali-kali
maca novel. Engke bade dipilarian di Gramaedia atanapi digaleuh ngalangkungan
inibuku.com luyu sareng usulan kang Dudi.
Hatur nuhun,
Asep
Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Enya kang!
Pan cenah anu abadi mah ngan perobihan eta sorangan.
Kang milarian buku Langit kResna Hadi mah gampang..ka Gramedia wae. tah upami
teu aya, sok aya komputer anu eusina database tinggal klik he..he...
Tos aya 4 jilid upami teu lepat mah. Jilid anu katilu judulna Perang
Bubat.(ke upami tos meser abdi nambut nya kang! tong wawartos ka
batur!).sakantenan we sareng jilid nu ka 4 kang ..he..he..(punten sanes
iklan......), sanes ngadukung Langit Kresna Hadi oge ngan didinya aya patula
patalina sareng urang sunda.
Abdi mah resep kana sajarah teh, boh ancient boh sajarah kontemporer...boh
sajarah dunya atawa sajarah lokal.
Dede Sahman
Asep
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.
www.geocities.com/ex_orientelux Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
Asep
---------------------------------
Get the free Yahoo! toolbar and rest assured with the added security of spyware
protection.