Punten Kang, sim kuring ge janten panasaran yeuh. nalika tina buku karangan 
Achmad chodjim (punten judulna hilap malah mah saatos medal buku syech siti 
djenar disusul ku buku sunan kalijaga... sami kang bukuna dii gramedia ge aya) 
aya perbedaan pendapat dupina mah

saur kang kumincir yen bupati pengging teh palastra saatos di serang ku sunan 
kudus.. upami ningal tina kalimat si akang, dupina bupati pengging (ki kebo 
kenongo) teh maot sateu acan SSJ (syech siti jenar) kena pengadilan tipikor ku 
wali songo.. tapi dina buku nu kuabdi diaos sablikna kang.. yen anu maot ti 
payun teh SSJ tipayun .. teras disusul ku ki kebo kenongo .. malih mah 
sateuacan maot teh aya diskusi heula sareng sunan muria (sunan muria diparentah 
ku wali songo/ sultan demak kanggo maksa ki kebo kenongo linggih di 
pengadilan).. saurna cenah (saur buku eta ge kang .. aya pupuhna malih mah) ki 
kebo kenongo nolak dipanggil ka bintoro .. da maenya cenah kolot ku tunduk ka 
anak (ki kebo kenongo teh masih aya trah pangeran ti majapahit) .. saurna deui 
.. upami hidep (ka sunan muria) hoyong ningal cara na "maot" (kunci kehirupan) 
.. ku sim kuring ditingalikeun carana .. jleg we ki kebo kenongo teh misahkeun 
ragana sareng sukma. kitu kang saurna mah ...

Upami kana kajadian SSJ dikuburkeun dimana.. saurna mah memang seueur tempatna 
teh .. aya nu nyarios di pekalongan.. aya nu nyarios di cirebon .. tapi 
numutkeuntina buku eta .. yen layon SSJ dikuburkeun na teh i paimbaran mesjid 
demak. da saparantosna di hukum pancung teh ...teras dikuburkeun .. teu kenging 
aya jalma salian wali songo anu nyaksian .. gewat teh digentos cenah ku kirik 
.. teras dipertontonkan ka khalayak yen anu ngaku janten Alloh teh geuningan 
jadi kirik cenah .. padahal dilebet mesjid .. di paimbaranna .. sumebar seungit 
kembang tujuh rupa ...

tapi kang.. wallohu alaam nya kana ieu carita .. atanapi sejarah teh .. da 
seueur pisan tatmbihna sareng misterina..

cag ah cekap ..

kahatur

firman


  ----- Original Message -----
  From: s4d3w470

  Karunya pisan atuh nya kang syeh siti jenar teh meni dijejeleh
  pisan, nepi ka disaruakeun jeung anjing hideung sedih sim kuring mah
  ngadanguna ge.
  Tiasa janten kang syeh siti jenar teh urang sunda da waktos ngobrol
  na parahu sareng sunan kalijaga ge teu ngangge bahasa india.
  Mangga kanu langkung uninga leres teu eta teh sim kuring oge
  panasaran yeuh...

------------------------------------------------------------
diteukteuk ku k#5

Kirim email ke