Haturan kang Ees..., nepangkeun sim abdi Iim (Boim) kawit ti smd/bdg, ayeuna nuju di Bandung. punten bade ngiring mangwalerkeun rehna ua Sas teh nyaeta salah sawios kuncen bin moderator di Kusnet, anjeuna pangsiunan padamel Telkom mung ayeuna nuju rajin nalungtik kasundaan malih mah di bumi ngagaduhan pabukon alias perpustakaan anu koleksina dikhususkeun kana buku basa sunda boh nu enggal atanapi nu kuno sareng tos sering janten nara sumber dina diskusi atanapi seminar ngenaan kasundaan. sakitu panginten panmabih ti sim abdi mah hatur nuhun.
"kkbm'69" -punten ka ua Sas to skumawantun pangwalerkeun...hehehe On 7/1/07, eesbuku <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah gening tebih-tebih ti nagara deungeun masih merhatoskeun kabudayaan sareng sajarah sunda. Kang Tatang dimana kitu lingih ayeuna teh? Nepangkeun Abdi ees, linggih ayeuna teh di bekasi, caket kalimalang. Tapi sanes di sisi walungannana. Upami lahirmah di Subang. eta oge tebih keneh ka Subang. Bade naros ka Kang Tatang, upami Ua Sas teh saha? Ahli sajarah sunda? punten yeh. ----- ees islandscript.net

