Upami teu lepat mah aya sabaris deui janten kieu
>       Trang-trang kolentrang
>   Si londok paeh nundutan
>   Tikusruk kana durukan
>   Mesat gobang kabuyutan
>    
>   Nyeh prot nyeh nyeh prot
>    
>    
Bulu kelek heheotan!
>   Ieu lagu lain keur kaulinan tapi minangka jampe 
jampe anu bisa dilagukeun, upami teu lepat jampe 
keur ngeureunkeun hujan. Nu ngarana basa jampe, 
memang basana sok teu puguh, kadang kadang eusina 
ngan sabaris sesana sampiran. Lagu ieu eusina ngan 
baris kahiji wungkul trang trang kolentrang, 
minangka sora kohkol atawa naon bae nu ditakol, keur 
ngeureunkeun hujan, kapercayaan animisme. Tilu baris 
saterusna sampiran, eusina ukur sindiran, sesuai 
jeung kayaan harita jaman dijajah walanda. Sigana 
ieu teh keur nyindir Walanda nu eleh perang, tipayun 
tos dicarioskeun. Kunaon teu aya hubungan kalimat, 
kedah naros ka pengarang, ngan jelas baris pamungkas 
murwakanti jeung baris baris saacana, ditungtungan 
ku "an", Ngan ceuk sim kuring mah kaci teu aya 
hubungan oge, da ngarana ge sampiran, janten didieu 
aya dua sindiran.
>   Tambahan nyeh prot nyeh nyeh prot, sigana nu 
ngajampe nyiduh prot prot prot ... ngarah jampena 
dikobul.
>   Saterusna jampe jampe ieu dijadikeun nyanyian 
biasa, Ngan sakaterang sim kuring mah asa teu aya 
kaulinan murangkalih nu make lagi

Kirim email ke