Leres wayang dilebetan ajaran tauhid.
Upami dina carios aslina dina Mahabarata, Yudistira teh satria anu gaduh
sanjata tumbak.
Upami dina wayang golek (Sunda) karakter Yudistira teh dirobih janten satria
tapi pinandita, soleh, henteu keresa perang, henteu nyepeng sanjata fisik tapi
nyepeng sanjata anu disebat layang jamus kalimusyahda nyaeta hiji serat anu
ngandung kalimah syahadat.
Upami dina wayang kulit (Jawa), Yuidstira nyepeng sanjata kalimusodho, sami
sareng layang jamus kalimusyahda dina wayang golek.
Duka saha tah anu nyebarkeun
herdis herdiansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
1. kontroversi sejarah. dugi ka ayeun teu acan aya bukti atanapi klaim nu
dianggap sahih ngenaan sejarah Syeh Siti Jenar. sababaraha kaol malah
nyebatkeun Syeh Siti Jenar teh mitos nu dimunculkeun kanggo ngalawan asimilasi
islam+jawa nu beuki maceuh. alasana jelas, proses islamisasi di Jawa khususna
teu lepas tina proses bertahap "ngajawakeun islam" VS "ngaislamkeun jawa".
kumpulan wali songo, utamina Sunan Kalijaga aya di patron "ngaislamkeun
jawa", hartosna secara bertahap kepercayaan tradisional (animisme sareng
dinamisme) digentos ku katauhidan. teu aneh pami misalna wayang aya kalimat
"syahdataena".
pihak kadua "ngajawakeun islam" diwakilan ku Syeh Siti Jenar. alasana teu
mungkin proses islamisasi bisa ngalengitkeun kepercayaan tradisional. kumargi
kitu Syeh Siti Jenar gaduh kayakinan kanggo islam versi lokal
kontroversi sejarah ieu tiasa ditempatkeun dina wilayah ieu. kalangan wali
songo nu cakeut sareng kalangan pamarentahan ngarasa kasaingi ku Syekh siti
jenar nu tiasa ngarebut perhatian kalangan jawa tradisional. kumargi kitu
sabaraha kaol malah nyebatkeun yeun Syeh Siti Jenar teh mitos nu sengaja di
munculkeun ku perebutan kekuasaan para wali sareng tokoh politik jawa. semacam
teori kambing hitam sapertos nu dicatur ku Rene Gerard tea
2. soal ajaran
Asep
---------------------------------
Park yourself in front of a world of choices in alternative vehicles.
Visit the Yahoo! Auto Green Center.