Si Riweuh
Riweuh teh ngaran landian pedah sapopoena riweuh jeung riweuh wae, utamana
mah sok ngaririweuh batur, jadi we katelah Si Riweuh.
Geus teu bireuk deui mun rek nganjang ka si Riweuh mah cukup nanyakeun
kanu ngaliwat oge arapaleun. Enya kituna mah alabatan selebritis kakoncara na
mah.
Pasosore pas si Jago kongkorongok, Si Riweuh ngagurinjal hudang tina
dipan, terus gigisik miceunan cileuh anu rapet keneh kana bulu mata. ret kana
jam anu ngadaplok na tembok, "halah geuningan masih isuk keneh, teu salah kitu
si jago kongkorongok jam 4 janari" gerendeng si Riweuh bari tuluy gedebug deui
ngarengkol ngeukeupan bantal anu geus bau dahdir.
Aya kana lima menitan mah ti saprak nempoan jam, diburuan geus recet ku
sora barudak leutik anu keur arulin. "Duh..ngaganggu pisan barudak teh."
gerendeng Si Riweuh bari tuluy mubuskeun sirahna kana bantal, tidituna mah
ngarah teu kagandengan.
Tapi da angger we sora budak leutik anu ting jarerit mah jentre kadengena.
"Huuh..dasar bebenyit teu apal kitu aing keur sare..?"
Kuniang hudang, serelek mukakeun hordeng....bray cahaya layung asup ka kamer.
"Haaaaah..geuning geus beurang..aduh aing kabeurangan digawe."
Lung sarung dialungkeun ka pojok, gap kana anduk beretek si Riweuh lumpat
leutik muru jamban. Ret ngareret kana kulah..."Beu..kosong caina.."
Geret..geret..manehna nimbaan cai...karek oge meunang dua ember pluk anduk
kumelna anu dibeulitkeun na beuheungna murag kana sumur.
"Si kehed teh..keur rusuh teh kalahka murag deuih...." gurutu si Riweuh bari
noongan kana sumur anu sakitu jerona.
"Kapaksa mun carana kieu mah kudu mandi ala koboy yeuh"
Clom curukna dianclomkeun kana cai na kulah tuluy digesek-gesek kana panona
miceunan sisa-sisa cileuh anu masih keneh narangkod na bulu mata.
Tuluy rambutna dikopyok make cai saeutik, ngarah rada baseuh jadi gampang mun
disisiran.
Gap kana sikat..ret kana odol...hemmm beak odol teh, ah bae teu make odol
oge..tuluy we nyikat huntu.
Beres nyikat huntu...beretek lumpat ka enggon, gap nyokot baju saragam gawe,
terus diambeuan...hmmmm bau kesang, tuluy rurat-reret neangan parfum.
Aeh..enya kapanan aing mah teu boga minyak seungit, ret ka tengah imah, tah
geuning aya wedak bayi nu saha atuh, keun we lah lumayan ubar bau kesang.
Jigana nu anakna Ceu Erum katinggaleun basa barudakna ulin ka imah.
Beres dangdan tuluy disapatu..bray mukakeun panto, jeklek panto dikonci.
Diburuan imah geus rame ku barudak leutik keur arulin, aya oge ibu-ibu, teu
katinggaleun Bi Erum rangda anyar anak dua, oge keur ngasuh budakna. Tuluy we
si Riweuh teh heheotan bari ngagandeuang, teu euleum-euleum ngaheotna teh
dilagukeun, enya laguna teh lagu jadikan aku yang kedua tea.
"Aduh..Kang Riweuh meni tos saged kitu, bade kamana kitu Kang ?" tanya Bi
Erum bari kucap-kiceup bangun nu hayang ditaksir.
"Ah..biasa dines..Ceu.." tembal si Riweuh bari tuluy nyawel gado budak Bi
Erum anu bungsu.
"Maksad teh damel Kang ? naha geuningan wayah kieu ?" tanya Bi erum bari
kerung
"Namina oge bisnismen Ceu..janten kedah enjing-enjing angkat teh, upami telat
saalit we rejeki tos dipacok hayam." tembal si Riweuh bari nyerengeh seuri
"Tapi ayeuna mah kapanan tos sonten Kang." saur Bi Erum tambah heran
"Ari kitu tabuh sabaraha ieu ?" tembal si Riweuh bangun reuwas
"Heuheuy deudeuh, ayeuna mah tos jam lima sonten atuh." tembal Bi Erum bari
nyeukeukeuk seuri
"Haaahh jam lima ? wah Ceu punten rusuh yeuh janten kasiangan." tembal si
Riweuh bari ngaberetek lumpat muru angkot.
Ari Bi Erum ditinggalkeun kitu teh bati olohok ngembang kadu, naha sore kieu
jadi kabeurangan ? ah teu ngarti kuring mah.
Dijero angkot si Riweuh ngahuleng, bingung kamana aing ayeuna ka kantor geus
tutup, balik deui era ku Ceu Erum. Kusiwel siRiweuh ngaluarkeun roko tina
sakuna tuluy cekres-cekres diseungeut. Sabot keur nyeungeut roko panumpang nu
sejen pada marelong ka si Riweuh.
"Hemmm kieu yeuh ari selebritis udud teh, pada marelong." gerendeng si Riweuh
bari mesem
Karek oge meunang dua kenyot udud teh, ti lebah juru aya nini-nini batuk teu
eureun-eureun, atuda heueuh haseup udud si Riweuh tamplok kabeh ka si Nini.
"Kiriiiiiiiiii..Pir....!" corowok bapa-bapa anu dedegana jangkung badag,
leungeuna digeulang bahar.
Reg angkot eureun, "Mangga saha tadi nu bade liren palih dieu?" tanya supir
angkot.
"Turun..siah...didieu..!" corowok si Bapa anu jangkung badag bari molotot ka
Si Riweuh
"Naha Kang da kuring mah moal turun didieu, barina oge didieu mah kuburan."
tembal si Riweuh semu sieun. Ari panumpang nu sejen jempling teu lemek teu
nyarek, ngan sora batuk si Nini we nu ngehkeh teu eureun-eureun, da di emposan
ku udud si Riweuh.
"Erek turun moal siah....!" cek si Bapa jangkung badag bari meureupkeun
leungeun
"Bade..bade Kang.." tembal si Riweuh bari ngolesed tina jok mobil.
"Tapi pedah naon kuring diturunkeun didieu ?" tanya Si Riweuh
"Naha siah teh belegug teh diingu...tah akibat haseup udud maneh Nini aing
batukna kanceuh.!" tembal si Bapa Jangkung badag bari nyurungkeun tonggong si
Riweuh kaluar tina angkot.
"Hemmm....nasib-nasib..." gerendeng si Riweuh bari miceun kuntung kana
solokan.
Tamat
Ditulis ku: Kebo Hideung - Kawalu Tasikmalaya
---------------------------------
Real people. Real questions. Real answers. Share what you know.