Heheh*"Berhasil!..Berhasil!" saur si Dora tea mah, ngadamel panasaran Kang Ule, kunaon blasteran Garut-Sumedang?
Saleresnamah sanes pedah pun bapak teureuh Garut, pun biang ti Sumedang, tapi abdi janten gaduh dua Bupati (Raja Alit saur MJ mah*) duanana katoel ku KPK, Sumedang mah teu buktos*Garut mah teu acan buktos. Tapi ketang usum, KPK teh nuju "panen" ayeunamah* Kamari rai patuangan (angger, kagok nyebat "adi beuteung" teh) abdi, ngangluh yen dununganana Bupati Magetan asup panjara*hag siah?! Nu anehna deui, seueur jalmi nu parebut hoyong janten Bupati/Gupernur? Padahal kiwari mah tos katoong pangsiun leosna teh dipanjara, syukur-syukur pami lolos* teu buktos nga emam artos, permios...ujug-ujug hos... heheh. Matak abdi mah alim janten Bupati/Gupernur teh*(Ih, ni GR saha nu bade milih nya? heuheu*) sanaos dipasihan 1M ge, ke heula anan!*pami 2 M mah, mangga teh teuing heheh* Perkawis jatukrami antawis urang Sumedang-Garut mah atanapi teras ka pakidulan kayaning Tasik & Ciamis, abdi ge kantos ngadangu, "pamali". Sanes kunanaon, "tebih" ceunah, nu caket ge seueur keneh heheh* Tos ah, ngacaprux* ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 07/04/07 04:44PM >>> punten, emang kunaon kitu blasteran Garut Sumedang? sanes nanaon yeuh, naros teh soalna pun biang katurunan Sumedang, teras pun bapak Garut aseli... teras pernah dipadungdengkeun oge di lembur teh cenah aya mitos sumedang jeung Garut teu meunang ngahiji.. tapi Alhamdulillah, ibu rama dugikeun ka ayeuna tos anak incu malahan mah tos aya buyutna masih ngahiji sanajan emang seueur pisan gogodana.. mung teu ngartos wae.. mitos anu menyesatkan masih keneh diangge..

