Ngiringan ah abdi ge....
Abdi ge salami ieu pami berjamaah teh kitu, ditepak we nu tos ti payun supados janten imam teras tara pernah berjamaah berantai... Memang salami ieu teu acan mendakan hadits perkawis berjamaah berantai kitu... baraya manawi aya haditsna? Abdi gaduh patarosan perkawis : 1. Imam pami disambil ngaos Qur'an kenging henteu..? (imam bergerak nyandak Qur'an teras tos rengse di simpen deui) 2. Pami sanes muhrim kenging henteu jadi ma'mum...? Hatur nuhun Taufiq _____ From: Ahmad Bio_unpad [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, July 04, 2007 5:47 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Masbuq bade ngiring ngarewong ah. waleran pertarosan anu kahiji numutkeun abdi mah, sanaos awalna urang teu niat janten imam ge, ku ditepakna (nu sanes nyungkeun urang janten imam) saenyana otomatis janten imam.ku margi numutkeun kuring mah bade kumaha oge sholat nyalira mah ukur 1 darajatna. Upami berjama'ah mah aya 27 darajat. Waleran pertarosan ka 2 Sim kuring oge biasa kitu. mun nu sanes mah seolah-olah ngadamel jama'ah baru, pami sim kuring mah neraskeun nyalira. Ku jalaran kuring dugi ka danget ieu teu acan kantos maos aya istilah Sholat ngama'mum berantai janten sim kuring mah nyandak sikep sapertos anu bieu dijentrekun. Intina mah ngama'mum teh ukur sakali we. baktos ahmad Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote: kaleresan yeuh... punten ngiringan naros, saleresna ieu teh tos aya kana sabelas tauna yeuh.. saprak kuring di Batam, aya kabiasaan.. meun asalna nu Shalat teh tunggal, teu jadi imam teu oge ma'mum.. terus aya anu nyusul, nepak pundakna tah anu Shalat mimiti teh tungtungna jadi imam. patarosan abdi, naha tiasa model kitu? sedengkeun pas niat kan sholat keur nyalira teu niat salaku Imam. aya deui, sababaraha ma'mum katinggaleun Shalat jamaah. Imam utama beres tos salam, terus anu sabagean deui sisa... tah anu pang kencana langsung jadi Imam, sedengkeun eta anu jadi imam teh asalna niatna jadi ma'mum. kulantaran kuring teu biasa, nya terus wae teu ngilu ma'mum anu jadi imam tea, tapi neruskeun sisa rokaat anu sorangan. hatur nuhun On 7/4/07, Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: - upami ngan duaan (ma'mum + imam), posisi nangtung sajajar, ma'mum palih katuhu. (sanes dipengkereunanan) - jol aya nu masbuk, ma'mum ditepak, mundur ka pengkereun imam, sajajar sareng nu nembe dongkap - upami ma'mum dongkap masih kenging ngiringan ruku'na imam, dietang sarokaat. Langkung ti eta kedah digentos rokaatna sabada salam. - upami masbuk solat ied, saatos imam takbir, antosan dugi ka seep takbirna, teras ngiringan, takbir 6 atanapi 5 kali (salian ti takbirotul ihrom), gumantung rokaat kasabaraha. - ti mazhab al-Hanabilah, upami masbuk solat ied ngiringan ruku-na, teu kedah digentosan takbir-na. - masbuk solat ied (sarokaat atanapi dua rokaat), takbirna tetep 6 atanapi 5 kali gumantung rokaatna. "Apa yang bisa kamu dapati bersama imam maka shalatlah, sedangkan apa yang terlewat/tertinggal, maka qadha'lah" wallohu'alam. iwan. . _____ Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today! <http://us.rd.yahoo.com/evt=48517/*http:/surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo _panel_invite.asp?a=7>

