"Urang Sumedang teu meunang kawin ka urang Garut" "Ceuk saha ?" "Nya..ceunah.." "Ceunah ceuk saha ?" "Teuing atuh..." "Naha bet teuing ?" "Ih...puguh teu nyaho..." "Teu nyaho ?" "Enya !" "Matakna, mun aya pelajaran eta, asup geura...meh nyaho.." "Ih maneh mah, kamana karep.." "Atuda, maneh oge sok percaya kana ceuk jeung ceunah..." "Lain, da loba nu nyarita kitu teh. Jadi kumaha atuh ?" "Naon ?" "Enya, soal urang Garut nu teu meunang kawin ka urang Sumedang.." "Enya bener.." "Bener kumaha ?" "Bener, yen urang Garut teu meunang kawin ka urang Sumedang.." "Owh kitu ?" "Heueuh !" "Ah, nu bener.." "Bener !" "Naha ?" "Enya teu meunang, mun dua-duana sarua lalaki..." "Ah..Bedul siah..." "Nya heueuh atuh.." "Mun dua-duana awewe ?" "Sarua we, teu meunang..." "Mun awewe jeung lalaki ?" "Teu meunang oge.." "Haaar....naha ?" "Da awewena kabogoh uing ..." "Kumaha maneh we ah.."
-Jay- --- In [email protected], "Kang Ule" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > paling ngan hayang terang wungkul, kunaon beut aya mitos kitu? > Sumedang jeung Garut teu meunang ngahiji, alesan tina mitos eta naon? > > upami Sunda - Jawa mah kan saurna asal muasalna teh tina perang Bubat tea, > terus cenah meun kawin ka awewe urang Jawa, sarua jeung ngawin ka indung.. > beu!! > > ari ceuk abdi mah anu namina mitos teh sami jeung dongeng, sami oge jeung > kecap pamali... bisi dicarekan ku bumali.. :p > > piss ah... > > >

