Ceuk uing mah teh roroh aya benerna. Masalahna kieu: 
ari urang sumedang mah jiga tahu, ari urang garut 
mah jiga dodol! Jadi lamun kawin teh moal nyambung. 
Da nu hiji amis nu hiji asin jiga korong si jay!


--- In [email protected], "ndoell" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> "Urang Sumedang teu meunang kawin ka urang Garut"
> "Ceuk saha ?"
> "Nya..ceunah.."
> "Ceunah ceuk saha ?"
> "Teuing atuh..."
> "Naha bet teuing ?"
> "Ih...puguh teu nyaho..."
> "Teu nyaho ?"
> "Enya !"
> "Matakna, mun aya pelajaran eta, asup geura...meh 
nyaho.."
> "Ih maneh mah, kamana karep.."
> "Atuda, maneh oge sok percaya kana ceuk jeung 
ceunah..."
> "Lain, da loba nu nyarita kitu teh. Jadi kumaha 
atuh ?"
> "Naon ?"
> "Enya, soal urang Garut nu teu meunang kawin ka 
urang Sumedang.."
> "Enya bener.."
> "Bener kumaha ?"
> "Bener, yen urang Garut teu meunang kawin ka urang 
Sumedang.."
> "Owh kitu ?"
> "Heueuh !"
> "Ah, nu bener.."
> "Bener !"
> "Naha ?"
> "Enya teu meunang, mun dua-duana sarua lalaki..."
> "Ah..Bedul siah..."
> "Nya heueuh atuh.."
> "Mun dua-duana awewe ?"
> "Sarua we, teu meunang..."
> "Mun awewe jeung lalaki ?"
> "Teu meunang oge.."
> "Haaar....naha ?"
> "Da awewena kabogoh uing ..."
> "Kumaha maneh we ah.."
> 
> 
> 
> -Jay-
> 
> 
> 
> --- In [email protected], "Kang Ule" 
<kang.ule@> wrote:
> >
> > paling ngan hayang terang wungkul, kunaon beut 
aya mitos kitu?
> > Sumedang jeung Garut teu meunang ngahiji, alesan 
tina mitos eta 
> naon?
> > 
> > upami Sunda - Jawa mah kan saurna asal muasalna 
teh tina perang 
> Bubat tea,
> > terus cenah meun kawin ka awewe urang Jawa, 
sarua jeung ngawin ka 
> indung..
> > beu!!
> > 
> > ari ceuk abdi mah anu namina mitos teh sami 
jeung dongeng, sami 
> oge jeung
> > kecap pamali... bisi dicarekan ku bumali.. :p
> > 
> > piss ah...
> > 
> > 
> >
>


Kirim email ke