AWW, Energi alternatif memang seueur kang tapi output anu dihasilkeunana aralit mung dina skala kilowatt, kurang ekonomis sareng teu sustainable. Padahal nagri urang teh kiwari keur meumeujeuhna ngabutuhkeuh energi anu ageung pikeun nyumponan kabutuhan RT sapopoe rahayat nu mangyuta yuta supados ulah byar pet, komo deui ditambih ku kabutuhan industri anu beuki deui beuki pesat. Pokokna ku kacumponan energi moal sesah upami bade ngadamel sareng mengembangkan industri sareng teknologi di sagala widang teh.
Kupamendak abdi danget2 ieu tos waktosna pikeun urang gaduh sareng ngagunakan nuklir kanggo energi teh. Margi paling tidak listrik tina nuklir mahtina hiji instalasi outputna sarebu juta watt (1000 MW) dugi ka 3 rebu juta watt(3000 MW). Padahal upami ngandelkeun PLTA mah kudu rebuan ha ngabendung walungan..he..he. Kitu deui upami ngabeleuman batubara kuda jutaan ton bari jeung haseupna pibahayaeun ka lingkungan margi ngaluarkeun zat2 asam ka udara. Pan ari ku nuklir paling oge sababaraha kilo bahan bakarna. Salian ti eta nuklir mah kalebetna "clean energi tea" teu aya haseup teu aya pencemaran lingkungan, aya eta oge sampah radioaktif tapi da teu seueur sareng penanganana ayeuna mah tos langkung canggih. Dina eta mah sakabeh teknologi pastina aya kauntungan sareng karugianana. Ngeunaan SDM, ulah salempang kang, menurut kayakinan abdi ningali SDM nu tos aya di urang teu aya masalah mung tinggal ditingkatkeun kadisiplinana weh. Teknologi PLTN teu sesah2 teuing sih teu benten ti pabrik2 biasa nu tos aya di urang. Nu sesah teh ngaleungitkeun imej masyarakat urang dimana mun ngadangu nuklir teh terangna mun bom nuklir nu pikasieuneun tea padahal nuklir teh teu beda ibaratna sapertos pedang/peso, kumaha urang ngagunakeunana weh kanggo kagorengan atanapi kanggo kamaslahatan rahayat. Tos sakitu heula nya baraya, punten ieu mah mun pamendak abdi bae sanes promosi. WWW, Pun Ontohod nuju nyepi di lembang --- In [email protected], Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Saleresna mah seueur energi alternatif geothermal, arus laut, angin sareng cahaya panonpoe. > Sok asa panineungan ningal seueur kolecer watrna bodas anu ngangunakeun energi angin, ningal sel-sel surya anu nyimpen energi panonpoe di luar nagari, sanajan di tempat menahna cahaya panonpoe teh pan kurang. > Naha di Indonesia teu aya? > > Deden > ==================== > > PLTN hade pisan, ngan syaratna nu migawena kudu urang sunda kabeh.. heuheu.. > > Teu nutup mata, mayoritas urang indonesia pesimis yen bangsa urang can > siap make nuklir. Lain pagawean memeh beunta eta mah, ulah lalawora. > Hadena mah PLN dibebenah heula sing hade, sahade-hadena. > Jiganamah ti luhur ka handap kudu diganti ku urang sunda kabeh.... hihi.. > > Cikan, nuklir ieu teh memang geus 'mendesak' kitu? teu aya alternatip > sanes? misalna geothermal.. aya nu ngartos dina widang ieu? > > hatur nuhun tos dibandungan. . > > iwan. > > > > www.friendster.com/sahman > www.geocities.com/ex_orientelux > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com >

