Baraya ! Urang mah kadang2 sok mentingkeun diri sorangan, boro-boro ka batur, ka anak sorangan ge sacara teu sadar urang teh geus ngurangan hakna. ASI teh rezeki anugrah ti Pangeran husus keur anak urang ti barang lahir tepi ka umur 2 taun. Tapi kadang-kadang ku alesan, sieun laer tea, teu kaburu ku pagawean tea, teu kaluar cisusuna tea.. ah loba2 deui we alesan pikeun teu nyusuan budak. Antukna budak dipercayakeun ka susu formula (susu sapi... meureun). Sarua we jeung eta budak teh sabagean anak sapi (meureun). Akibat leuwih jauh, urang jadi tergantung kana produk susu formula, leuheung lamun barangna aya terus bari murah, kumaha lamun barangna jadi langka dina ayana ge mahal kacida, saha anu ripuh ? Urang-urang keneh. Loba karugianana ngandelkeun teuing susu formula teh, anu pasti mahal, riweuh nyiapkeunana, budak jadi kurang deukeut sacara emosi ka indungna (komo anu henteu pernah nyusu pisan mah). jeung rea-rea deui (mangga tambihan).
Matak ayeuna mah, sok geura baralik deui ka Cisusu Indung, minimal 6 bulan ti barang lahir budak teh kadaharanana 90% Cisusu Indung, 10% deui kadaharan tambahan anu alami lain buatan pabrik. Saterusna karek ditambahan ku susu murni, siga saran ti Kang Dian. Dijamin barudak urang bakal tumuwuh kalawan alus. Barudak kuring (kabehna 4, hiji awewe, 3 lalaki) kabehanana ti umur 0 - 6 bulan 100% ngan ngandelkeun Cisusu Indung, bari indungna digawe eta teh. Tapi ari ku keyeng mah teu burung kasusuan. Memeh indit budak disusuan heula, terus susu anu sabeulah diperes keur sayagian salila ditinggalkeun, sakali meres meunang 1,5 cangkir cukup keur 3 - 4 jameun. Jam 12 balik heula, susuan deui budak bari meres deui. Kitu eta teh unggal poe. Hasilna ? Alhamdulillah barudak kuring mah tumuwuh kalawan kacerdasan anu aya onjoyna ti batur2na. Anu kahiji (kelas 6 SD) jeung kadua (kelas 4 SD) geus baroga prestasi anu nyongcolang di sakolana, malah anu kahiji mah nyangking sababaraha gelar kajuaraan di bidang mata pelajaran tingkat kecamatan jeung kabupaten. Saha anu bade nurutan Back to Cisusu indung. Cag. NFG On 7/9/07, Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Halag siah, moal matak laer tah? -----Original Message----- *From:* RAN [mailto:[EMAIL PROTECTED] *Sent:* Monday, July 09, 2007 3:51 PM *To:* [email protected] *Subject:* Re: [Urang Sunda] Re: Susu Murni v.s. Susu Formula alhamdulillah. sugan pun anak ge kersa nyusu ti indungna dugi ka 24 bulan. On 7/9/07, *Ambu Bagja* <[EMAIL PROTECTED] > wrote: euleuh, kang dian damang? alhamdulillah pun anak mah teu resepeun susu nanaon iwal ti susu indungna.. keur mah budak teh ngarti yen indungna teu bogaeun duit keur meuli susu formula.. nya kitu tea we dugi ka ayeuna 13 bulan, masih keneh nyusu ka indungna.. :)

