Pangestu. Nuhun pami tuang putra dipasihan teras CSI (ci susu Indung) mah,
dugi yuswa 2 taun nya.

Atuh ka nu teu tiasa masihan CSI, kapeung sok ningal ti nagara batur mah aya
anu orokna dipangnyusuankeun ku batur.
Sigana masih langkung sehat batan susu murni atanapi formula. Duka tah naha
hal ieu lumrah teu di urang?

Mung nya pami kieu, kedah denget administrasina, ambeh si budak engke
apaleun saha indung susuna, teras oge saha-saha wae adi/lanceuk
sapasusuanana.

Salam,
Dian.


On 7/9/07, Ambu Bagja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  euleuh, kang dian damang?
alhamdulillah pun anak mah teu resepeun susu nanaon iwal ti susu
indungna.. keur mah budak teh ngarti yen indungna teu bogaeun duit
keur meuli susu formula.. nya kitu tea we dugi ka ayeuna 13 bulan,
masih keneh nyusu ka indungna..
:)

~ipup~

Kirim email ke