Gajah mada atawa majapahit digede2, ditarabeuh atawa digelembungkeun, lain
ku nanaon, cenah mah pikeun ngahudangkeun sumanget kebangsaan atawa
persatuan indonesia. Yen baheula di nusantara kungsi aya nagara badag nu
malah leuwih lega tibatan endonesya ayeuna. Tah, nagara endonesya ieu siga
baheula eta. Jadi ulah dinanaha ngadegna nagara endonesya teh.

Eta teh sok rajin pisan ditarabeuh ku manggala p4 sagala. Bari hasilna
gening ieu nagreg kieu. Da nu nitah panataranana oge gening teu nyontoan
hirup soleh siga dina ajaran ideologi P4. kalah korupsi berjamaah.

Eta -soal nabeuh majapahit atawa di sumatra sriwijaya- utamana pikeun
mersihan pangaruh kolonialisme walanda, oge pikeun mupus kanyataan sajarah,
yen sabenerna mah nu ngahijikeun endonesya ayeuna sasatna mah panjajahan
walanda. Da harita urang mana mendi, dina sumpah pemuda ngahiji, pastina
alatan boga nasib nu sarua, dijajah walanda.lain pedah baheulana kungsi
ngadeg karajaan majapahit atawa sriwijaya. 

Ongkoh dominasi seler jawa di ieu nagara geus kungsi dikritik oge. Yen
indonesia raya teh jadina mah gening jawa raya. Sabenerna ieu bahaya pikeun
persatuan jeung kasatuan nasional indonesia. Sok we geura, suharto ari dina
tv sok ngacu ka carita wayang. Saolah2 wayang eta teh kaharti ku sakumna
rahayat indonesia. Wayang ngan aya di pulo jawa.

Mohahamad yamin urang sebrang nu aneh pisan, ngefans berat ka gajah mada.
Cek cenah alatan hayang kapake ku gegeden nagara nu urang jawa. Haha.  

Geus heula bisi loba salahna


Kirim email ke