Teh Herni si Ucu tea, Cup...cup...cup...susut cisocana... Janten bungsu mah teu aya kalepatanana, da urang mah teu tiasa milih hoyong janten cikal, panengah, pangais bungsu atanapi bungsu. Sanes Biang nu lepat ngadung deuih... Teu kenging waka handeueul atuh*da teu sadaya bungsu "panyesaan", seueur da nu langkung nyongcolang ti raka-rakana. Etamah mung pamendak panalungtik.
Komo bungsu mah raos, pami raka-rakana tos jareneng, sok dibayong-bayong sagala rupina*.pokonamah diogo we lah* Ieu mah pangalaman, pun adi nu alit keur mah bungsu, pameget hiji-hijina...ih, da damelna teh sok nampan we...meus-meus Ceu hoyong itu...Ceu hoyong ieu...heuheu* Ke InsyaAllah pami mendakan ngeunaan artikel bungsu, dialungkeun deui ka Bakus....nyaaa... :) ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 07/09/07 06:37PM >>> Teh Roro cikan pilari kanggo si Bungsu asa ku teungteuingeun, manya ukur panyesaan sareng pauurutan wungkul...... dahareun sesa lanceuk, pakean lulungsuran ti lanceuk

