Punten ngiring mairan
Kujigana PLN oge teu salah-salah teuing, da ti PLN na mah lancar
eta mah jigana aya trouble di instalasi gelorana. Ngadangu-dangu mah ceunah
pihak panitia nambihan daya, kanggo layar ageung jrrd. Janten kajadian pareum
lampu eta akibat overload ceunah. Kanggo nangkis nu tunya-tanya mah disebatkeun
we kajadian anu kaasup force majer... hehehehhe
Kuring boga usul, engke mah lamun Indonesia ngalawan Arab, sakum panongton anu
nongton langsung di lapang, diwajibkeun marawa senter, mun seug pareum
listrik..prak senter diparake nyaangan nu maen bal...Insya Allah caang.
Hidup Merah Putih
Sok lah Kang Bangbang ...tungtun tah..ontana ulah sina ka lapang :)
Kebo
.aWin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hehe, naha bet ngerakeun, pan di endonesa mah ngerakeun tehh atos biasa,
heuheuy deuh
tapi sanes di edonesa wae, pami teu lepat nuju piala Copa Amerika
oge pas brasil kitu??? Saurna sami aya selingan pareum lampu
Wass
Awin
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of
waluya56
Sent: Thursday, July 12, 2007 2:08 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Ngerakeun euy!
Lain euy, na mani asa ngerakeun pisan nya? lampu pareum keur acara
maen bal Piala Asia di Stadion Senayan. Kumaha eta teh? Mangkaning
disiarkeun ka sakuliah Asia/Dunya. Meureun ceuk urang Eropah
teh : "Nya teu salah, ngalarang airliner ti Indonesia hiber
kadieu....."
Baktos,
WALUYA
{Nu ngadukung PLTN, ngan jadi ngahuleng nempo palebah listrik pareum
di acara nu disiarkeun sacara internasional]
---------------------------------
Real people. Real questions. Real answers. Share what you know.