Daripada kitu mah, mending pamaenna we sina nyarandak senter sewang2an...
Kacipta, nya... lebah gawang mah kalah ngahaja dipoekan... ngarah
musuh teu arapaleun gawangna...
Kacipta deui wae... Robby Darwis nyirintil bari nyentak ka Sutiono Lamso
"Halik, ku Aing...!!!" bari jekuk... bal ditajong rada nyintir satakerna....
"Ajoowwwww...." lebah hareupeunana aya sora nu ngagoak. Robby Darwis
geuwat muru ka asal sora nu ngagoak. Ana disorot ku senter, kasampak
wasit Paulina keur nyuuh bari nutupan beungeutna.
"Kunaon, Juragan?" ceuk Robby Darwis.
"Ai hiya heu hiha-hiha... Halha henghel hana heuheut haing heuheu..."
("Ai sia teu kira-kira... Balna nenggel kana beungeut aing,
deuleu...") ceuk Paulina bari reumbeuy cipanon. Sabot ngobrol teh
Robby Darwis luak lieuk, terus nanya ka Sutiono,
"Ari gawang beulah mana, euy? Da basa caang mah rarasaan teh beulah
dieu..!" Ana pas disorot ka lebah juru, kasampak kiper Oliver Kahn
keur cacamuilan dahar cau goreng bari ngadiukan tihang gawang nu
ngagoler.
"Haar... na ari maneh?!! Paingan tadi ni asa bingung neangan gawang,
ni euweuh kelemeng2na acan. Horeng dituar ku dia, nyah?!!" ceuk Robby
Darwis semu kukulutus.
"Meugeus, gandeng! Anggur geura pareuman eta senter, yeuh aya keneh
cau goreng tilu siki deui. Meungpeung si Paulina can pulih!" ceuk Kahn
bari ngasongkeun keresek eusi gorengan cau.
"Heuheuh... Ari sugan teh euweuh jelema di hareupeun, hanas ditajong
satakerna..." ceuk Robby Darwis bari gek diuk gigireun Kahn, terus
ngahuapkeun cau goreng.
On 7/12/07, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kuring boga usul, engke mah lamun Indonesia ngalawan Arab, sakum panongton
> anu nongton langsung di lapang, diwajibkeun marawa senter, mun seug pareum
> listrik..prak senter diparake nyaangan nu maen bal...Insya Allah caang.