Yeuuuuhhhhhh nu kaalaman

Bungsu mah:
dahareun sesa lanceuk
pakean lulungsuran ti lanceuk
(tos disebatkeun pan)
purah ditutah-titah ku lanceuk
sakapeung sok dijadikeun alesan ku lanceuk
sakapeung jadi kuncen da dianggap jadi bangbaluh
sok diculamitan ku lanceuk
sok disingsieunan ku lanceuk
sok disentakan ku lanceuk
dititah ngarayu indung atawa bapa ku lanceuk
dititah ceurik ge ku lanceuk
nepi ka sakola sahandapeun lanceuk

Anu tengah mun dikitukeun ku cikal tiasa males ka si bungsu
hi...hi.....teu kumaha ka ditu kumaha ka dieu.
kitu nyah?
anu lebet akal mah nu panungtungan

mangga, ke disambung deui
herni


----- Pesan Asli ----
Dari: mojang_akank <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 12 Juli, 2007 4:10:31
Topik: Re: Hal: [Urang Sunda] Cikal Nakal

Alah teh herni sanesna bungah janten bungsu teh. Leres saur ceu 
roro, bungsu mah di ogo sami jeung cikal. Benten pami budak panengah 
(jiga abi hehehe). Pernah aya nu ngistilahkeun, cenah budak panengah 
mah jiga nuang roti. Pangheulana dituang teh sok nu sisi2na/payunna 
karek tengahna...meunang pangtungtungna we...heuheuheu
Namina panengah tea kudu cicingna di tengah2, sakapeung kaditu 
kumaha kadieu kumaha. Kaditu lanceuk kadieu adi, kaditu indung 
kadieu bapak....asa kadempet...hehehe

Neng Iva

--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "Roro Rohmah" <Roro.Rohmah@ ...> 
wrote:
>
> Teh Herni si Ucu tea,
> 
> Cup...cup... cup...susut cisocana...
> Janten bungsu mah teu aya kalepatanana, da urang mah teu tiasa 
milih hoyong janten cikal, panengah, pangais bungsu atanapi bungsu. 
Sanes Biang nu lepat ngadung deuih... Teu kenging waka handeueul 
atuh*da teu sadaya bungsu "panyesaan", seueur da nu langkung 
nyongcolang ti raka-rakana. Etamah mung pamendak panalungtik. 
> 
> Komo bungsu mah raos, pami raka-rakana tos jareneng, sok dibayong-
bayong sagala rupina*.pokonamah diogo we lah* Ieu mah pangalaman, 
pun adi nu alit keur mah bungsu, pameget hiji-hijina. ..ih, da 
damelna teh sok nampan we...meus-meus Ceu hoyong itu...Ceu hoyong 
ieu...heuheu*
> 
> Ke InsyaAllah pami mendakan ngeunaan artikel bungsu, dialungkeun 
deui ka Bakus....nyaaa. .. :)
> 
> ro2
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] 07/09/07 06:37PM >>>
> 
> Teh Roro cikan pilari kanggo si Bungsu
> asa ku teungteuingeun, manya ukur panyesaan sareng pauurutan 
wungkul..... .
> dahareun sesa lanceuk,
> pakean lulungsuran ti lanceuk
>





                
________________________________________________________ 
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam. 
http://id.mail.yahoo.com/

Kirim email ke