Nyeta ari abdi mah mun rek nitah ka lanceuk asa teu wani. Rek nitah 
ka adi can nanaon adi-na sok murukusunu. Ahirna migawe sorangan. Mun 
abdi gaduh rayi jiga teh herni kayungyun nya...hihihi
Soal pakean, sabalikna deuih. Da abi mah pakean meunang panyesaan ti 
adi.....heuheuheu
Mun nu bungsu pasea jeung lanceukna, sok ngabela teh ka si bungsu, 
sakapeung sok dicarekan....hehehe
Soal sakola, mun pareng aya milik nu jadi adi bakal pangluhurna 
sakolana, amiin :)


Neng Iva


--- In [email protected], herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Yeuuuuhhhhhh nu kaalaman
> 
> Bungsu mah:
> dahareun sesa lanceuk
> pakean lulungsuran ti lanceuk
> (tos disebatkeun pan)
> purah ditutah-titah ku lanceuk
> sakapeung sok dijadikeun alesan ku lanceuk
> sakapeung jadi kuncen da dianggap jadi bangbaluh
> sok diculamitan ku lanceuk
> sok disingsieunan ku lanceuk
> sok disentakan ku lanceuk
> dititah ngarayu indung atawa bapa ku lanceuk
> dititah ceurik ge ku lanceuk
> nepi ka sakola sahandapeun lanceuk
> 
> Anu tengah mun dikitukeun ku cikal tiasa males ka si bungsu
> hi...hi.....teu kumaha ka ditu kumaha ka dieu.
> kitu nyah?
> anu lebet akal mah nu panungtungan
> 
> mangga, ke disambung deui
> herni
> 
> 
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: mojang_akank <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: [email protected]
> Terkirim: Kamis, 12 Juli, 2007 4:10:31
> Topik: Re: Hal: [Urang Sunda] Cikal Nakal
> 
> Alah teh herni sanesna bungah janten bungsu teh. Leres saur ceu 
> roro, bungsu mah di ogo sami jeung cikal. Benten pami budak 
panengah 
> (jiga abi hehehe). Pernah aya nu ngistilahkeun, cenah budak 
panengah 
> mah jiga nuang roti. Pangheulana dituang teh sok nu 
sisi2na/payunna 
> karek tengahna...meunang pangtungtungna we...heuheuheu
> Namina panengah tea kudu cicingna di tengah2, sakapeung kaditu 
> kumaha kadieu kumaha. Kaditu lanceuk kadieu adi, kaditu indung 
> kadieu bapak....asa kadempet...hehehe
> 
> Neng Iva
> 
> 
> 
>               
> ________________________________________________________ 
> Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik 
terhadap spam. 
> http://id.mail.yahoo.com/
>


Kirim email ke