ah biasa wae atuh kang, nu baheula nya tetep we baheula, ulah
diungkit-ungkit, ayeuna urang maju nyongsong masa depan, nya kajeun we, kang
urang jawa barat kan telahna easy goingna cuek we...kajeun urang jawa
ngomong kitu, moal mungkin urang hirup di jaman gajah mada, prabu siliwangi
oge hayam wuruk, eta teh kan sejarah, nu ka raosan ku abdi nuju sakola di
ITS biasa wae, malah solidaritas na aralus babaturan didieu...tara nyabit2
masa lalu. malah jajaka sunda loba nu dipikaresep nu wanoja didieu.

cag ah.
baktos pun adoel

2007/7/12, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]>:

  Sapamadegan kang Asep, urang Jawa teh balageur jeung someah. Sami sareng
urang Sunda, anu someah tur soleh mah someah jeung soleh we. Nu papada
porenges oge loba! Kuring pernah papacangan sababaraha kali sareng urang
Jawa..."Serasa jadi Hayam Wuruk"! ..hehe

Mun urang maca buku Babad Tanah Jawa atawa Asal-usul Orang Jawa atanapi
oge Falsafah Hidup Orang Jawa hilap deui ecesna mah, urang Jawa reueus
"ngaku" turunan Semar. Cenah baheula diturunkeun ti sawarga asana 3
rombongan dewa/manusa nu bakal ngeusian pulo Jawa jeung Sumatra. Dua
rombongan di pulo Jawa, hiji di pulo Sumatra. Tina 3 rombongan eta anu
maju/tumuwuh (survival) ngan sarombongan anu bubuara di wewengkonan pulo
Jawa pangkulonna. Mun tea mah seueur keneh urang Jawa anu "ngaku" sapertos
kitu...duka tah naha aranjeuna pernah maca buku-buku anu diluhur kareueus
urang Jawa kuanjeun? Keur kuring mah, kalimah  samodel kitu teh komo anu
ngedalkeunana urang Jawa sorangan...nambah ngandelan  pamadegan yen eta
kalimah-kalimah "bermuatan politis" jaman Mataram jeung jaman
nyebarkeun Islam. Politis tea pan sifatna salian nehatif jeung positif aya
oge anu abu-abu, malah meureun bisa langkung ti abu-abu oge aya, duka ijo
royo-royo duka bagedod.

Memang sok seueur patarosan-patarosan samodel kitu, atanapi kenapa
ya minum "teh" disini tidak pakai gula? Kenapa ya Sunda kan dekat ke kata
Sundal? Mimitina mah...rarasaan teh ngajak ngadu peureup wae.
Lila-lila kuring nganggap bebeledugan kitu diasupkeun kana geng "Stupid
Question".  Jawabanana mun henteu make gorombolan "funny answer" nya
ambringan "waleran peureus ka euceuna" langkung cocog, keur kuring mah! Tapi
mun urang maca buku alm pak Edi, Kebudayaan Sunda I, ngeunaan hasil sensus
penduduk pulo Jawa jaman Walanda, pan taun 20-an atawa 30-an oge jumlah suku
Jawa ampir 3 kalieun suku Sunda! Wajar pan jeung lalampar deuih! Sing
penting...mangan ora mangan, ngumpul!
**
Upami saur rencang mas Jaim...."selalu penuh pertimbangan" naha
patarosan-patarosan kitu tiasa digolongkeun pinuh tinimbangan, moal nyugak
hate batur? Ah....alesan,  leuwih tegep gumantung  pribadina sewang-sewangan
sanes Sunda, Jawa atawa Arabna!

Sumuhun eta, sakadang bibit-buit! Kacida alusna ratusan bangsa nu adat
istiadatna benten-benten dihijikeun jadi hiji, tapi naha sakapeung nu hoyong
disebat nu gaduh alpukah kalahka remen nyabit-nyabit bibit buit
piwerejiteun. Rupina leres panginten...tos fitrah manusa, urang mung tiasa
usaha ngaminimais bibit werejet pacengkadan, janten Endonesia nu gemah ripah
loh jinawi, tapi iraha? Sabar....Indonesia itu negara baru, ceuk Mrs. Jane,
Antroplog Walanda nu keukeuh ngaklaim yen geulisna teh turunan urang
Sunda pedah dijurukeun di Sukabumi!

Engke mun geus gunung Gede bitu, bral geura narindak tapi omat
ulah ngaleret katukang!

siporenges



*Kang, urang Sunda mah balalageur, daek ngaku dulur ka urang Jawa. Lamun
urang Jawa sabalikna oge kitu, kacida alusna.

Tapi pernah kuring nyarita ka sobat urang Jawa pituin: "pak, setelah
mempelajari sejarah ternyata orang Sunda sama orang Jawa itu saudara".
Tanggapannana: "Tunggu dulu, siapa yang lebih tua ya antara orang Jawa dan
orang Sunda?" Jadi kacirina embung diaku dulur anu sadarajat teh.

Jadi inget waktu kuliah di ITB, mindeng ditanya ku urang Jawa: "Kenapa yah
di ITB banyaknya mahasiswa dari Jawa bukan dari Sunda?" eta teh patanyaan ti
kaum intelektualna. Pertanyaan eta karasan ku kuring mah meni nyeletit kana
hate.

Hal ieu mangrupa bibit buit pecekcokan teh. Kuduna lamun **Indonesia**hayang 
aman tingtrim mah tiap suku bangsa teh kudu silih hargaan, ulah
ngarasa leuwih unggul ti batan seler lainna. Mudah-mudahan wae bisa ngawujud
kaayaan silih hargaan teh.
*

*Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:



------------------------------
Get the free Yahoo! 
toolbar<http://us.rd.yahoo.com/evt=48226/*http://new.toolbar.yahoo.com/toolbar/features/norton/index.php>and
 rest assured with the added security of spyware protection.




--
---------------------------------------------
Salam Sejahtera :
Wassalam Mualaikum Warahmatullahi Wabarrakatuh
---------------------------------------------

Kirim email ke