Ngeclakeun Cimata
Langit angkeub angin ngagelebug, lemah cai keur ngeclakeun cimata, teu
beurang teu peuting nyurucudkeun cai soca, ngabaseuhan taneuh pakuburan.
Ngadadak loba jalma anu ngaheruk bangun anu susah, ceurik ngabangingik bangun
anu kanyenyerian, malahan tinggolepak kapiuhan luhureun pusara.
Enya kukituna mah ceunah asa disamber heulang, anu dipikanyaah,
dipikameumeut tibaheula leungit teu puguh-puguh, mun seug teu ningali atawa teu
nyabak layona mah asa teu percaya yen kakasih teh geus nandangan pati.
Ucu..geulis
kasep
bageur sing sabar..sing kuat
Tos urang ikhlaskeun wae, hawatos tuh ka Bapa, ka Ema, ka Teteh, ka Dede, ka
Uwa, ka Mamang, ka Bibi.
Ucu..geulis
kasep
bageur, sadaya makhluk kaasup urang bakalan nemonan maot,
bakal mulih kajati mulang ka asal, dipenta kunu Maha Kawasa. Sok ayeuna mah
sing teger, sing sabar, sing tawekal.
Pasosore maju kasareupnakeun sora gaang pacampuh jeung sora tonggeret
disarada disusul kusora jangkrik bangun anu milu sedih nambahan jemplingna
taneuh pakuburan.
Sepi teu aya sasaha..poek teu aya dikieuna teu bisa ningali curuk-curuk acan,
eungap anu aya. Duh
.kamarana ieu teh
naha aing aya didieu ?
naha bet poek kieu
? Saha atuh anu ngabakutet awak aing? Geus paeh kitu aing teh ? Duh
Gusti
hirupkeun deui abdi, abdi teu acan siap mulih ka tempat asal
abdi teu
acan gaduh bekel..!
Rasa hanjakal minuhan dadana, kuciwa teu weleh datang nambahan kasusah.
Lain deui jalma anu sholeh atawa sholehah mah Insya Allah, balik ka jati
mulang ka asal teh pinuh ku kabagjaan, rasa bungah anu teu aya dikieuna minuhan
alam kuburna, unggal sore unggal isuk bakalan ditempokeun kaayaan di Syurga.
Teu aya kuciwa atawa hanjakal, da basa didunya hirupna alus banglus, teu aya
cawadeun.
Wallahu A`lam Bish-shawab
Ditulis ku : Kebo Hideung Kawalu Tasikmalaya 14/07/07
---------------------------------
Real people. Real questions. Real answers. Share what you know.