Pamajikan anu ngalanggan mangle ti tukang koran di kantor Ditjen Pajak di Jl.
Gatot Subroto - Jakarta, sok narima eta majalah tiap poe Kemis; ngan sok
dibikeun ka kuring tiap poe Jumaah sore supaya dibacana di weekend wungkul
meureun.
Enya, bener, aya tulisannana pa Mamat Sasmita (Uwa Sas) dina Mangle. Malah
tema ngeunaan eta tulisan teh jadi headline dina cover majalahna.
Matak helok ku perjuangan uwa Sas tepi ka gaduh 2300 koleksi bacaan
kasundaan; meni keyeng saperti sumangetna Mundinglaya waktos nyiar Layang
Salaka Domas. Malahan koleksi langka saperti Kamus basa Sunda Inggris
kaluaran taun 1862 jeung Wawacan Purnama alam oge gening aya dina pabukonna.
Sajaba ti Perpustakaan Daerah Jawa Barat, mudah-mudahan leuwih loba pabukon
anu moto kopi koleksina. Ceuk uing, hal ieu penting pikeun leuwih nanjeurkeun
kasundaan di tatar Sunda hususna, nanjeurkeun kabinekaan di Endonesia umumna.
Hatur rebu nuhun Mundinglaya, eh Uwa Sas, maksud teh.
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Dina Mangle
nu medal minggu ieu, tingalian kolom Implik-Implik
aya Uwa Sas ngadongeng ngeunaan Rumah Baca-na.
Wilujeng..
-dul-
__._,_.__
Asep
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news,
photos & more.