Haaar, lamun teu boga uit kumaha tah, kang?
   
  Terus lamun aya duit, memangna cukup ku duit hungkul mereskeun masalah HAKI 
teh? Ceuk uing mah anu kuciwa saperi kang Aldo jeung kang Tito sarta rea-rea 
deui, teh aya alusna. Dina ieu milis pan loba mata jeung ceuli anu bisa 
nepikeun ekspresi / tulisan anu kuciwa ka pihak anu leuwih kompeten dina 
mereskeun masalah HAKI. Pan dina konferensi di Bandung sawatara waktu ka 
tukang, gubernur Jabar geus jangji rek ngainventaris hasil budaya Sunda pikeun 
dipasrahkeun ka nu leuwih kompeten (Ditjen HAKI / Deplu). Gubernur Jabar oge 
pan henteu bisa digawe sorangan. Memangna manehna apal kabeh hasil budaya 
Sunda? Perlu waktu. Jadi kudu sabar, teu kudu stress; lamun hayang gancang, 
dibantu atuh ku kang Tantan.
   
  Hampura yeuh lamun pondok nyogok, malum keur diajar ngabiasakeun basa cohag 
jeung diajar ngamalkeun falsafah ngadek sacekna ..... (ah poho deui, kungsi 
maca we dina blogna kang Kumincir).
  

tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
kuciwa mah moal ngabereskeun masalah. 
Mun enya aya kawani, sok kaluarkeun uit sorangan, terus patenkeun ku sorangan. 
Ngan ulah hilap, labelan: milik urang sunda sa- alam dunya. Ngadagoan nagara 
wae mah, kalah matak setres.  
Ngagugulu kuciwa, moal matak maju. 
Ceuk HMI tea mah: YAKIN USAHA SAMPAI....


hehe...
Tantan



On 7/13/07, Tito Suryana < [EMAIL PROTECTED]> wrote:                            
          
Kang aldo sami kuring oge kuciwa perkawis Nutrisi  Saputra, padahal asli iasna 
putra sunda tapi rada hese di aku ku Mantri  Pertanian tah.......lami lami di 
aku ku nagara deungeun  jiganamah........
  
    ----- Original Message ----- 
    From:    Aldo Desatura 
   To:  [email protected] 
   Sent: Friday, July 13, 2007 11:12  AM
   Subject: [Urang Sunda] 2 hal nu ngaraksuk    dina hate teh
   

      dear,

uing kuciwa ka pamarentah provinsi JABAR khususna, sareng    Pamarentah
Kolonial Indonesia umumna.. naha Nepi ka "suling sunda", jeung    Huwi Cilembu
di patenkeun batur..?? kumaha mun urang rek nyieun lagu kacapi    suling sareng
nanem huwi cilembu...?? kudu mayar pajek HAKI heula    kitu...??? mangkaning
pas malesiah eleh meng ball kamari sikuring nganuhun    pisan ka gusti allah
... (hehehe naon geura hubunganana?) geura    tenjokeun atuh urang sunda teh
aya!!!! kamana wae sih ????

AING    KEHEULL NENJO MANEH, CENGAR CENGIR NINGALI BUDAYA UING DICARAPLOKAN    
KU
BATUR!!!!!!



 
     
               
        





-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
 --siliwangi-- 
     
                       


Asep

 
---------------------------------
8:00? 8:25? 8:40?  Find a flick in no time
 with theYahoo! Search movie showtime shortcut.

Kirim email ke