Haturan kang Wildanthk,
   
  Babaturan kuring di sakola (baheula) oge di tempat gawe nganggap kuring teh 
supi (Sunda pisan), eta meureun kusabab lentongna medok teuing. Padahal kuring 
teh lain sagemblengna urang Sunda sabab dina awak kuring ngamalir getih urang 
Jawa lantaran salah sahiji nini kuring urang Tegal. Jadi sajujurna henteu aya 
kaijid ka urang Jawa umumna. Katambah dulur oge aya anu kawin jeung urang Jawa 
sarta dunungan kuring baheula oge urang Jawa bageur pisan ka kuring teh. Anu 
henteu dipisuka ku kuring mah oknum anu ngahaja nyiptakeun bibit buit 
pacengkadan. Anu kaalaman ku kuring, oknum saperti kitu henteu saeutik.
   
  Salah sahiji oknum, nurutkeun kuring, nyaeta Langit Kresna. Sabab jelas hasil 
tulisannana nimbulkeun pacengkadan, urang Sunda jeung urang Jawa silih 
gorengkeun; coba tingali dina blog-blog anu ngabahas eta novel atawa titenan we 
eusi novelna ti mimiti kecap-kecap panganteur nepi ka pelecehan ka Diah 
Pitaloka.
   
  Dina kecap-kecap panganteur, Langit Kresna geus goreng sangka majarkeun urang 
Sunda mikangewa urang Jawa padahal pan can tangtu bener. Ku suku bangsa lain 
mah bisa dianggap enya. Ceuk kuing, hal ieu bisa nyababkeun penilaian negatif 
ka urang Sunda boh ti urang Jawa atawa suku bangsa lainna. Bisa-bisa henteu 
alalakur kahareupna. Terus dina eusi caritana, Langit Kresna ngaruksak karakter 
Diah Pitaloka; anjeunna ampir disaruakeun jeung Gueverra anu salingkuh dina 
film King Arthur. Jadi aya upaya pembelokan sejarah ceuk kuring mah. Pikeun anu 
tara maca sajarah, ieu bisa dianggap bener. Kuring salaku nu mikanyaah sajarah, 
henteu rido lamun aya manipulasi sajarah, karunya ka Diah Pitaloka deuih. Jadi 
lain rek nyabit-nyabit “masa lalu”. Bedakeun atuh antara nyabit-nyabit masa 
lalu jeung mikanyaah sajarah. Titenan email-email kuring di milis ieu, pan 
lolobana mah ngeunaan sajarah.
   
  Sabenerna mah kuring kakara nyaho Perang Bubat teh ti urang Jawa pituin, 
babaturan kuliah di tingkat hiji. Biasa wae ueweuh komentar nanaon. Kabeneran 
oge sababaraha bulan / taun ti harita (poho deui) di Radio Volvo aya dongeng 
Perang Bubat karangan urang Jawa anu didongengkeung ku Andi Saputra. Eta oge 
biasa wae. Pas mimiti langganan deui Mangle ahir-ahir ieu, aya oge carita 
Perang Bubat. Sanajan kabawa sedih ku caritana tapi eta oge biasa we henteu 
nyababkeun kakeuheul ka urang Jawa da eta mah kajadian jaman baheula jeung 
katambah pan kuring oge ¼ turunan Jawa. Ngan saenggeus maca novelna Langit 
Kresna, emosi rada kaseureud. Meunang henteu lamun kaseureud? 
   
  Katambah deui ku pangalaman anu matak henteu ngeunah waktu gaul jeung 
sababaraha urang Jawa pituin. Lamun dianalogikeun jeung sensor, akang jeung 
kuring beda kepekaannana jeung beda nempatkeunnana meureun. Meureunan kuring 
mah peka teuing jeung di tempatkeun dina kondisi anu nyababkeun sensor ”selalu 
bereaksi”. Lamun kitu saha anu salah? Sensorna mah henteu salah meureun. Jadi 
meunang meureun lamun kaseureud. Soal wanoja Jawa anu naksir jajaka Sunda, 
sarua rarasaan mah kuring oge pernah ditaksir ku urang Jawa, ha ha ha.
   
  Ulah hariwang kang, kuring maju nyongsong masa depan pikeun Endonesia, 
Indonesia anu bhineka nya kang, Jawa nanjeur, Sunda nanjeur, suku bangsa lain 
oge sarua, henteu silih lecehkeun.
   
  Sakitu wae nya, mudah-mudahan henteu pondok nyogok panjang nyugak; pondok 
karunya ka si papap, panjang karunya ka si mamah. Ieu mah itung-itung diajar 
debat. Engke akang lamun geus digawe bakal ngalaman yen dina rapat-rapat urang 
perlu debat, perlu ngayakinkeun yen pamadegan urang anu bener.
   
  Okeh, dengan ini, topik Perang Bubat dengan resmi ditutup.
   
  Salam,
  Asep
  

wildanthk <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  ah biasa 
wae atuh kang, nu baheula nya tetep we baheula, ulah diungkit-ungkit, ayeuna 
urang maju nyongsong masa depan, nya kajeun we, kang urang jawa barat kan 
telahna easy goingna cuek we...kajeun urang jawa ngomong kitu, moal mungkin 
urang hirup di jaman gajah mada, prabu siliwangi oge hayam wuruk, eta teh kan 
sejarah, nu ka raosan ku abdi nuju sakola di ITS biasa wae, malah solidaritas 
na aralus babaturan didieu...tara nyabit2 masa lalu. malah jajaka sunda loba nu 
dipikaresep nu wanoja didieu. 

cag ah.
baktos pun adoel


2007/7/12, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]>:                                   
 
Sapamadegan kang Asep, urang Jawa teh balageur jeung someah. Sami sareng urang 
Sunda, anu someah tur soleh mah someah jeung soleh we. Nu papada porenges oge 
loba! Kuring pernah papacangan sababaraha kali sareng urang Jawa..."Serasa jadi 
Hayam Wuruk"! ..hehe 
   











Asep

 
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.

Kirim email ke