Assalamualaikum...
  kahatur ka kang moderator, sareng ka saderek sadayana nu parantos 
mangtaun-taun ngageugeuh ieu milist...:) nepangkeun abdi urang ciamis nu nuju 
ngumbara ka banten, sanes bade ngalap elmu debus, tapi nuju neraskeun episode 
kahirupan nu kasebat damel. sok sanaos jauh dijugjug anggang diteang teh angger 
tungtungna mah nguprek di kandang hayam.
  nyaan meuni asa meunang lotere basa tadi siang nyobian nyiar carita sunda 
dina google, na ari breh teh aya milist urang sunda dina yahoo...ah teu 
antaparah deui, teras we daftar...alhamdulillah, ayeuna tiasa ngawitan ngintun 
salam silaturahmi, mugia katampi ku baraya sadayana.
   
  sakieu heula ti sim uing
   
  mu2
   

       
---------------------------------
Park yourself in front of a world of choices in alternative vehicles.
Visit the Yahoo! Auto Green Center.

Kirim email ke